Kanyaah nu hamo leah baheula Kiwari ukur jadi tutungkusan Da geuning bongan diri teu surti Bongan rasa teu mirasa Jumawa ku pangabisa Tug nepika bihari Ngancik kalakay kasedih jeung gupay katineung
Kalakay nu ngoleab incah Murag katebak angin Dipuluk teuing ku saha Dijait teuing iraha Diampihan teuing di mana
Gupay nu mawa beja jeung carita Ukur jadi kembangna kahirupan Ukur jadi wates kaheman
Duh diri... Muga sinatria mayunan ruruba Mugia Rucita lugay tina subaya,,,,,