Girimis deui geuning
Beu'eus deui geuning
Wanci maju kasore
Mangsa manjing katompernakeun
Hmmm...
Rumahuh
Ngan bisa ngarahuh
Tingkolebat lalangse hate
Ting pucungkul ketip - ketip kuciwa....
Naha nu namper ukur bangkarakna
Nu tembong ukur kalangkangna
Teu pira....
Neudeun kadeudeuh
Nunda kamelang
Nu palid teuing kamana
Bonganna......