Rabu, 27 November 2013

nineung......

Mangsa anu kasorang
Atra dina lolongkrang tineung
Mapay mapay jalan nu pernah kalampahan
Êbréh dina tungtung rarasaan
Aya katugenah
Aya kuciwa
Aya cimata
Numarengan ketugna rasa
Hemmm...
Naha tumungkul?
Naha mung tiasa ngungun
Apan kabagjaan salawasna natrat
Gupay kaheman salawasna ngalangkangan
Kantun kumaha urangna
Geura teuteup jalan anu dipayunan
Geura rangkul panangan anu ngagupayan
Geura ronce harepan anu anyar
mungguh bagja urang nu nyiar