Rabu, 27 November 2013

" Egrenter hate "

Rasa nu mimiti ligar kembangan
Asih nu kiwari ngancik
Mangkak nyengitan
Keukeuh mawa kabimbang
Nyimbutan harepan nu ngipuk mucukan

Naha kudu ngajadi bangbaluh
Majar cinta lain pakewuh
Tapi tutungkusan kabagjaan

anjeun nu nyanding tunggara
neang ubar geusan mupus cidra
Narekahan hate nu beu'eus cimata
ngarerepeh bangbaluh alatan cinta
nu binasa kupolah sulaya manehna

bagea...
urang ranggeuy harepan anyar
urang beungkeut geter rasa
nu kiwari mucukan
keun wae...nulawas tinggal wa'asna
Rumasa kuring micinta
Harepan kalan nyanding dina raga