Di diéu kuring anteng ngaléngkah
Nitenan ketap - ketipna béntang
Majar saur salira kiceupna éndah
pédah urang sosonoan di jomantara
Ngimpléng jirim salira
Atra dina kongkolak soca
ajég pancég di puséur dayeuh
Pada - pada ngalengkah silih budalkeun kabungah
Hemmm ...
Janari nu jadi saksi
balebat nu nyakseni
Dua hate silih iwat
Silih tamplokkeun duriat
duriat kitu?
Sajajalan galecok
Sapeupeuting macangkrama
Silih simbeuh carita
silih ujratkeun rasa
Silih kaitkeun katresna
tresna kitu?
Hem ....entahlah!!!