Dina lolongkrang rasa
Aya cinta nu luar biasa
Dina lolongkrang teuteup
Aya sorot anu anteb
Maheut pasini nu pinasti
Aacchh____
Mugia mega hideung geuwat ingkah...
Di saput ku mega kayas
Di pasieup ku udat katumbiri
Di pulasan harepan geusan ngahontal kabagjaan
Nyanding hariring kabungah
Ngadalingdingkeun lengkah pasti...
Mugia _________