Munggaran urang patepung
Aya teuteup anu sieup
Aya imut nu kareueut
Aya kelet anu matak geugeut
Nyanding rasa nu matak nyeblak
.....
Basa patarema rasa
Dina guntrengna sora
Silih budalkeun carita
Nyata aya nu teu biasa
.....
Mungguh kahayang teu ßϊšª
Mantes jeung kanyataan
Aya sapasi hate nu tatu
Aya sapotong rasa nu ju'uh
Ku kuciwa
Baseuh ku nalangsa
.....
Mapay gudawangna hate
Kawas anu teu malire
Kana keclakna totonde
Salira nu beu'eus cimata
Salira nu guyang kuciwa
Ngajirim anteub di payunan
...
Wakca
Balaka
Nyarita
Lirih ku tunggara