Sanajan anggang langka tepang
Raga pajauh ngan ukur rasa nu rumampa
Impenan tempat urang tepang
Peuting saksi ngancikna diri
Asma manjing atma kakasih
Urang silih sambat kakasih
Dinu tungtung kalbu tunggul rahayu
Wanci janari leutik mipir pangais ati
Angkeuhan nu negeskeun kadeudeuh
Larung ngayun kameumeut kalbu..
Raga pajauh ngan ukur rasa nu rumampa
Impenan tempat urang tepang
Peuting saksi ngancikna diri
Asma manjing atma kakasih
Urang silih sambat kakasih
Dinu tungtung kalbu tunggul rahayu
Wanci janari leutik mipir pangais ati
Angkeuhan nu negeskeun kadeudeuh
Larung ngayun kameumeut kalbu..