Rabu, 27 November 2013

" Rungsing "

Balébat"

Bulan pias sabudeureun baranangna Béntang, mapaés peuting nu jempling. Hiliwir, angin malibir meulah simpéna haté. "Moal weléh diantos, iber pasini ti peuntaseun rasa." gerentesna. Rét, kana luhur méja. Hp réhé nyumputkeun sorana.

Manjing janari leutik beuki nyeuit, taya catur. Wakca kendat medar rénghap minuhan lolongkrang kiceupna, nu mimiti karasa beurat.

Waktu ngajalujur subuh, nyingkabkeun simbut peuting mangsa balébat midang dina carangcang tihang, mapag medalna Sang Surya. "Hanas mikamelang, malah ngaanggangan...­!" gerendengna. Belewer...! Guprak, pray...! Hp paburantak.