Panggupay daun katineung, tinggal kalakay
Tingkoleang, murag tinu regang kamelang
Nyirnakeun sewu mamanis, metik harti nu jadi panutan,
Ngudag surupna katresna dina haleuang diri nu ngageuri
Kembang implengan ngawagu dina raga nu geus teu
Walakaya, ngeclakeun cai kaasih
Ngalembereh mapay raga nu geus taya harga
Ngagenclangna talaga kawening,
Bedah.....! Nyalangkrung jadi cimata, ngaremkeun diri
Nu leungiteun tutungkusan kalbu
Wanci geus sareupna, hariring angin peuting bet nurih ati
Lengkah ngalongkewang lir leungiteun pamuntangan
Paneuteup nganteur kawasan tresna nu geus la'as
Hate ngangres neuteup sinangling purnama di leuwi ati