Rabu, 27 November 2013

" teuing ach "

Rasa nu mimiti ligar kembangan
Asih nu kiwari ngancik
Mangkak nyengitan
Keukeuh mawa kabimbang
Nyimbutan harepan nu ngipuk mucukan

Naha kudu ngajadi bangbaluh
Majar cinta lain pakewuh
Tapi tutungkusan kabagjaan

Rumasa ngajadi sabab
Ni'iran rasa lain nu mimiti
Nyebor hate nu lian ku kanyeuri

hampura....
Rumasa kuring micinta
Harepan kalan nyanding dina raga


*teganya diriku...???*