Geter rasa kahariwang
ngalimbung na gulindah hate
sumebar lir nyiriwikna angin peuting
nyecep hanteb,ngawangun rupa endah
nu teu ngawujud
...dina sawangan anjeun ngeukeupan
maturan impenan
dina lamunan anjeun nembongan
neumbrag jajantung taya nu nangenan
Hiliwir...Angin kapeurih
mun ras anjeun na pikir
ngojayan sagara rasa
nu teu kapelak cinta;
naha aya keneh isuk-cinta keur kuring?