Rabu, 27 November 2013

hayang amnesia..... :(

Lumampah...
Sugan bisa ngabeberah
sapasi ati nu marudah
nyinglarkeun tugenah
malidkeun rereged manah
ngalenghoy...
Neuteup wanci peuting
Ngimeutan jalan - jalan nu kungsi kasorang
nu pernah jadi gupay kamelang
Aya rindat kageugeut
aya teuteup nu sieup
aya imut kareu'eut
dina rangkul - rangkul anu paheut
jumarigjeug...
Nu nyesa dina tungtung basa
nu nyangkrung dina pangrasa
keclak - keclak kuciwa
ju'uh dina juru mata
naha...
Bonganna...
Aahhh...percuma...