Rabu, 27 November 2013

Rumasa

Rema-rema kasono
katingal ngadodoho
Moal bisa di popoho
sanajan mangsa nelasan jodo...
Kiceupna masih nu bihari
teuteupna masih nu sasari
Nu nyampakkeun pasini
Dugi ka kiwari
Ach....
Rumasa mopokeun salira
nyimpen carita dina turungkusan cimata
raheutna masih karasa
Kumaha ngahudangkeun rasa...
Kumaha mulasara deui cinta
nu geus ngampih dina lolongkrang dareuda
nyapih sagala harepan
bati tumungkul...
Nyegruk...
Rambisak...
Hate asa di sasa'ak...
hampura...
Palidna cinta urang dua'an teuing kamana
boa katandasa weritna jaman

*ngaleos