Panggupay daun katineung, tinggal kalakay
Tingkoleang, murag tinu regang kamelang
Nyirnakeun sewu mamanis, metik harti nu jadi panutan,
Ngudag surupna katresna dina haleuang diri nu ngageuri
Kembang implengan ngawagu dina raga nu geus teu
Walakaya, ngeclakeun cai kaasih
Ngalembereh mapay raga nu geus taya harga
Ngagenclangna talaga kawening,
Bedah.....! Nyalangkrung jadi cimata, ngaremkeun diri
Nu leungiteun tutungkusan kalbu
Wanci geus sareupna, hariring angin peuting bet nurih ati
Lengkah ngalongkewang lir leungiteun pamuntangan
Paneuteup nganteur kawasan tresna nu geus la'as
Hate ngangres neuteup sinangling purnama di leuwi ati
Rabu, 27 November 2013
Janari sésa kamari
Di diéu kuring anteng ngaléngkah
Nitenan ketap - ketipna béntang
Majar saur salira kiceupna éndah
pédah urang sosonoan di jomantara
Ngimpléng jirim salira
Atra dina kongkolak soca
ajég pancég di puséur dayeuh
Pada - pada ngalengkah silih budalkeun kabungah
Hemmm ...
Janari nu jadi saksi
balebat nu nyakseni
Dua hate silih iwat
Silih tamplokkeun duriat
duriat kitu?
Sajajalan galecok
Sapeupeuting macangkrama
Silih simbeuh carita
silih ujratkeun rasa
Silih kaitkeun katresna
tresna kitu?
Hem ....entahlah!!!
Nitenan ketap - ketipna béntang
Majar saur salira kiceupna éndah
pédah urang sosonoan di jomantara
Ngimpléng jirim salira
Atra dina kongkolak soca
ajég pancég di puséur dayeuh
Pada - pada ngalengkah silih budalkeun kabungah
Hemmm ...
Janari nu jadi saksi
balebat nu nyakseni
Dua hate silih iwat
Silih tamplokkeun duriat
duriat kitu?
Sajajalan galecok
Sapeupeuting macangkrama
Silih simbeuh carita
silih ujratkeun rasa
Silih kaitkeun katresna
tresna kitu?
Hem ....entahlah!!!
nineung......
Mangsa anu kasorang
Atra dina lolongkrang tineung
Mapay mapay jalan nu pernah kalampahan
Êbréh dina tungtung rarasaan
Aya katugenah
Aya kuciwa
Aya cimata
Numarengan ketugna rasa
Hemmm...
Naha tumungkul?
Naha mung tiasa ngungun
Apan kabagjaan salawasna natrat
Gupay kaheman salawasna ngalangkangan
Kantun kumaha urangna
Geura teuteup jalan anu dipayunan
Geura rangkul panangan anu ngagupayan
Geura ronce harepan anu anyar
mungguh bagja urang nu nyiar
Atra dina lolongkrang tineung
Mapay mapay jalan nu pernah kalampahan
Êbréh dina tungtung rarasaan
Aya katugenah
Aya kuciwa
Aya cimata
Numarengan ketugna rasa
Hemmm...
Naha tumungkul?
Naha mung tiasa ngungun
Apan kabagjaan salawasna natrat
Gupay kaheman salawasna ngalangkangan
Kantun kumaha urangna
Geura teuteup jalan anu dipayunan
Geura rangkul panangan anu ngagupayan
Geura ronce harepan anu anyar
mungguh bagja urang nu nyiar
poek
Talaga wening nyangkrung na soca, bedah marudah ngaremkeun rasa, asih,
tresna, satia nu taya harga, kalimpudan pamaes endahna dunya, hem naha
aya ngagenclangna rasa?
" Rungsing "
Balébat"
Bulan pias sabudeureun baranangna Béntang, mapaés peuting nu jempling. Hiliwir, angin malibir meulah simpéna haté. "Moal weléh diantos, iber pasini ti peuntaseun rasa." gerentesna. Rét, kana luhur méja. Hp réhé nyumputkeun sorana.
Manjing janari leutik beuki nyeuit, taya catur. Wakca kendat medar rénghap minuhan lolongkrang kiceupna, nu mimiti karasa beurat.
Waktu ngajalujur subuh, nyingkabkeun simbut peuting mangsa balébat midang dina carangcang tihang, mapag medalna Sang Surya. "Hanas mikamelang, malah ngaanggangan...!" gerendengna. Belewer...! Guprak, pray...! Hp paburantak.
Bulan pias sabudeureun baranangna Béntang, mapaés peuting nu jempling. Hiliwir, angin malibir meulah simpéna haté. "Moal weléh diantos, iber pasini ti peuntaseun rasa." gerentesna. Rét, kana luhur méja. Hp réhé nyumputkeun sorana.
Manjing janari leutik beuki nyeuit, taya catur. Wakca kendat medar rénghap minuhan lolongkrang kiceupna, nu mimiti karasa beurat.
Waktu ngajalujur subuh, nyingkabkeun simbut peuting mangsa balébat midang dina carangcang tihang, mapag medalna Sang Surya. "Hanas mikamelang, malah ngaanggangan...!" gerendengna. Belewer...! Guprak, pray...! Hp paburantak.
lamunan
Nyawang dina emutan
Ngintip dina sawangan
Geuning kieu rasana
Mun asih ϑî beungkeut sono
Asa nogencang...
Asa honcewang...
Pinuh hariwang...
Inggis salira hilap mulang
Sieun anjeun poho sarakan
panutan
di dieu kuring salawasna nganti
anjeun nu ϑî piati
bagea...
Ngintip dina sawangan
Geuning kieu rasana
Mun asih ϑî beungkeut sono
Asa nogencang...
Asa honcewang...
Pinuh hariwang...
Inggis salira hilap mulang
Sieun anjeun poho sarakan
panutan
di dieu kuring salawasna nganti
anjeun nu ϑî piati
bagea...
tibelat
Kumolebat ringkang dina sela sela kamelang,nambah hariwang,geuning ngan saukur katineung nu nga ayun ambing
Kalah ngajuringkang sagala lelewa,ngahiji dina umpalan mega hideung.
Boa bakal laksana haleuang cinta dina wanda asmarandana___
Kalah ngajuringkang sagala lelewa,ngahiji dina umpalan mega hideung.
Boa bakal laksana haleuang cinta dina wanda asmarandana___
" layu samemeh ligar "
Munggaran urang patepung
Aya teuteup anu sieup
Aya imut nu kareueut
Aya kelet anu matak geugeut
Nyanding rasa nu matak nyeblak
.....
Basa patarema rasa
Dina guntrengna sora
Silih budalkeun carita
Nyata aya nu teu biasa
.....
Mungguh kahayang teu ßϊšª
Mantes jeung kanyataan
Aya sapasi hate nu tatu
Aya sapotong rasa nu ju'uh
Ku kuciwa
Baseuh ku nalangsa
.....
Mapay gudawangna hate
Kawas anu teu malire
Kana keclakna totonde
Salira nu beu'eus cimata
Salira nu guyang kuciwa
Ngajirim anteub di payunan
...
Wakca
Balaka
Nyarita
Lirih ku tunggara
Aya teuteup anu sieup
Aya imut nu kareueut
Aya kelet anu matak geugeut
Nyanding rasa nu matak nyeblak
.....
Basa patarema rasa
Dina guntrengna sora
Silih budalkeun carita
Nyata aya nu teu biasa
.....
Mungguh kahayang teu ßϊšª
Mantes jeung kanyataan
Aya sapasi hate nu tatu
Aya sapotong rasa nu ju'uh
Ku kuciwa
Baseuh ku nalangsa
.....
Mapay gudawangna hate
Kawas anu teu malire
Kana keclakna totonde
Salira nu beu'eus cimata
Salira nu guyang kuciwa
Ngajirim anteub di payunan
...
Wakca
Balaka
Nyarita
Lirih ku tunggara
" Egrenter hate "
Rasa nu mimiti ligar kembangan
Asih nu kiwari ngancik
Mangkak nyengitan
Keukeuh mawa kabimbang
Nyimbutan harepan nu ngipuk mucukan
Naha kudu ngajadi bangbaluh
Majar cinta lain pakewuh
Tapi tutungkusan kabagjaan
anjeun nu nyanding tunggara
neang ubar geusan mupus cidra
Narekahan hate nu beu'eus cimata
ngarerepeh bangbaluh alatan cinta
nu binasa kupolah sulaya manehna
bagea...
urang ranggeuy harepan anyar
urang beungkeut geter rasa
nu kiwari mucukan
keun wae...nulawas tinggal wa'asna
Rumasa kuring micinta
Harepan kalan nyanding dina raga
Asih nu kiwari ngancik
Mangkak nyengitan
Keukeuh mawa kabimbang
Nyimbutan harepan nu ngipuk mucukan
Naha kudu ngajadi bangbaluh
Majar cinta lain pakewuh
Tapi tutungkusan kabagjaan
anjeun nu nyanding tunggara
neang ubar geusan mupus cidra
Narekahan hate nu beu'eus cimata
ngarerepeh bangbaluh alatan cinta
nu binasa kupolah sulaya manehna
bagea...
urang ranggeuy harepan anyar
urang beungkeut geter rasa
nu kiwari mucukan
keun wae...nulawas tinggal wa'asna
Rumasa kuring micinta
Harepan kalan nyanding dina raga
~tepang dina impenan~
Sanajan anggang langka tepang
Raga pajauh ngan ukur rasa nu rumampa
Impenan tempat urang tepang
Peuting saksi ngancikna diri
Asma manjing atma kakasih
Urang silih sambat kakasih
Dinu tungtung kalbu tunggul rahayu
Wanci janari leutik mipir pangais ati
Angkeuhan nu negeskeun kadeudeuh
Larung ngayun kameumeut kalbu..
Raga pajauh ngan ukur rasa nu rumampa
Impenan tempat urang tepang
Peuting saksi ngancikna diri
Asma manjing atma kakasih
Urang silih sambat kakasih
Dinu tungtung kalbu tunggul rahayu
Wanci janari leutik mipir pangais ati
Angkeuhan nu negeskeun kadeudeuh
Larung ngayun kameumeut kalbu..
zzzzzzzzzzzzzzzzzzzz
Kanyaah nu hamo leah baheula
Kiwari ukur jadi tutungkusan
Da geuning bongan diri teu surti
Bongan rasa teu mirasa
Jumawa ku pangabisa
Tug nepika bihari
Ngancik kalakay kasedih jeung gupay katineung
Kalakay nu ngoleab incah
Murag katebak angin
Dipuluk teuing ku saha
Dijait teuing iraha
Diampihan teuing di mana
Gupay nu mawa beja jeung carita
Ukur jadi kembangna kahirupan
Ukur jadi wates kaheman
Duh diri...
Muga sinatria mayunan ruruba
Mugia Rucita lugay tina subaya,,,,,
" penggasna harepan "
Angin rintih ngahiliwirkeun pasini
tepungna méga-méga 'nu nyakclakkeun girimis
ngerepan jadi umpalan silantang
séah, ngepris-ngepris kamelang
hujan, ramo-ramona niir juringkang
nyelecep anteb mirig riwan
ngentobkeun rantengan urat badag
notoskeun sahunyudan lamunan
sabada kotrét panungtung mungkas catetan
hujan malidkeun sagalana
mudalkeun mangsi carita
ngabedahkeun harénghéng haté
'nu ngalémbéréh lebah embun-embunan
tepungna méga-méga 'nu nyakclakkeun girimis
ngerepan jadi umpalan silantang
séah, ngepris-ngepris kamelang
hujan, ramo-ramona niir juringkang
nyelecep anteb mirig riwan
ngentobkeun rantengan urat badag
notoskeun sahunyudan lamunan
sabada kotrét panungtung mungkas catetan
hujan malidkeun sagalana
mudalkeun mangsi carita
ngabedahkeun harénghéng haté
'nu ngalémbéréh lebah embun-embunan
" teuing ach "
Rasa nu mimiti ligar kembangan
Asih nu kiwari ngancik
Mangkak nyengitan
Keukeuh mawa kabimbang
Nyimbutan harepan nu ngipuk mucukan
Naha kudu ngajadi bangbaluh
Majar cinta lain pakewuh
Tapi tutungkusan kabagjaan
Rumasa ngajadi sabab
Ni'iran rasa lain nu mimiti
Nyebor hate nu lian ku kanyeuri
hampura....
Rumasa kuring micinta
Harepan kalan nyanding dina raga
*teganya diriku...???*
Asih nu kiwari ngancik
Mangkak nyengitan
Keukeuh mawa kabimbang
Nyimbutan harepan nu ngipuk mucukan
Naha kudu ngajadi bangbaluh
Majar cinta lain pakewuh
Tapi tutungkusan kabagjaan
Rumasa ngajadi sabab
Ni'iran rasa lain nu mimiti
Nyebor hate nu lian ku kanyeuri
hampura....
Rumasa kuring micinta
Harepan kalan nyanding dina raga
*teganya diriku...???*
'hoyong wanoh'
Hate rumegag, da teu wanoh
Wanci nu pinasti longkewang
Sanajan pasini di Tumaritis
Tos ajang tianggalna
Geuning rasa nu pinasti gilig teu ngahiji
Rasa nu mentang leupas tina sarangna
Rek neangan tempat nu tumaninah
Tempat nu bisa nepikeun tunggara
Tempat nu bisa nyuatkeun kapeurih
Tempat nu bisa ngaleupaskeun katugenah
Hemeng, teu manggih
Nu aya sauukur kalangkangna
Kalangkang nu taya raga badagna
Naha atuh teu wanoh?
Teu, sanajan kana kalangkang diri:
Datang timana?
Cicing dimana?
Terus rek kamana?
Dimana tungtung kalangkang diri?
Ah duka teuing, wanoh ge heunteu.
Wanci nu pinasti longkewang
Sanajan pasini di Tumaritis
Tos ajang tianggalna
Geuning rasa nu pinasti gilig teu ngahiji
Rasa nu mentang leupas tina sarangna
Rek neangan tempat nu tumaninah
Tempat nu bisa nepikeun tunggara
Tempat nu bisa nyuatkeun kapeurih
Tempat nu bisa ngaleupaskeun katugenah
Hemeng, teu manggih
Nu aya sauukur kalangkangna
Kalangkang nu taya raga badagna
Naha atuh teu wanoh?
Teu, sanajan kana kalangkang diri:
Datang timana?
Cicing dimana?
Terus rek kamana?
Dimana tungtung kalangkang diri?
Ah duka teuing, wanoh ge heunteu.
'samagaha hate'
Asa aya samagaha na palebah kalakay ati
poek mongkleng teu nyesakeun kalangkang
ngagetruk lengkah nyiar jalan keur mulang
rek kamana kuring oge teu surti
Asa aya samagaha na pangacian diri
rumeuk pasulibreng teu cekas katingali
ngahontal cekeleun keur tempat muntang ati
tapi teu wasa da salira teu katingal wira wiri
Iraha samagaha kaganti ku katumbiri
nu biasana endah ku pulas werna werni
hirup pasti leuwih kaharti
salira pasti langkung gumati.
poek mongkleng teu nyesakeun kalangkang
ngagetruk lengkah nyiar jalan keur mulang
rek kamana kuring oge teu surti
Asa aya samagaha na pangacian diri
rumeuk pasulibreng teu cekas katingali
ngahontal cekeleun keur tempat muntang ati
tapi teu wasa da salira teu katingal wira wiri
Iraha samagaha kaganti ku katumbiri
nu biasana endah ku pulas werna werni
hirup pasti leuwih kaharti
salira pasti langkung gumati.
"teu acan aya judulna"
Geter rasa kahariwang
ngalimbung na gulindah hate
sumebar lir nyiriwikna angin peuting
nyecep hanteb,ngawangun rupa endah
nu teu ngawujud
...dina sawangan anjeun ngeukeupan
maturan impenan
dina lamunan anjeun nembongan
neumbrag jajantung taya nu nangenan
Hiliwir...Angin kapeurih
mun ras anjeun na pikir
ngojayan sagara rasa
nu teu kapelak cinta;
naha aya keneh isuk-cinta keur kuring?
ngalimbung na gulindah hate
sumebar lir nyiriwikna angin peuting
nyecep hanteb,ngawangun rupa endah
nu teu ngawujud
...dina sawangan anjeun ngeukeupan
maturan impenan
dina lamunan anjeun nembongan
neumbrag jajantung taya nu nangenan
Hiliwir...Angin kapeurih
mun ras anjeun na pikir
ngojayan sagara rasa
nu teu kapelak cinta;
naha aya keneh isuk-cinta keur kuring?
girimis cinta.....wkwkwkwk
Girimis deui geuning
Beu'eus deui geuning
Wanci maju kasore
Mangsa manjing katompernakeun
Hmmm...
Rumahuh
Ngan bisa ngarahuh
Tingkolebat lalangse hate
Ting pucungkul ketip - ketip kuciwa....
Naha nu namper ukur bangkarakna
Nu tembong ukur kalangkangna
Teu pira....
Neudeun kadeudeuh
Nunda kamelang
Nu palid teuing kamana
Bonganna......
Beu'eus deui geuning
Wanci maju kasore
Mangsa manjing katompernakeun
Hmmm...
Rumahuh
Ngan bisa ngarahuh
Tingkolebat lalangse hate
Ting pucungkul ketip - ketip kuciwa....
Naha nu namper ukur bangkarakna
Nu tembong ukur kalangkangna
Teu pira....
Neudeun kadeudeuh
Nunda kamelang
Nu palid teuing kamana
Bonganna......
hayang amnesia..... :(
Lumampah...
Sugan bisa ngabeberah
sapasi ati nu marudah
nyinglarkeun tugenah
malidkeun rereged manah
ngalenghoy...
Neuteup wanci peuting
Ngimeutan jalan - jalan nu kungsi kasorang
nu pernah jadi gupay kamelang
Aya rindat kageugeut
aya teuteup nu sieup
aya imut kareu'eut
dina rangkul - rangkul anu paheut
jumarigjeug...
Nu nyesa dina tungtung basa
nu nyangkrung dina pangrasa
keclak - keclak kuciwa
ju'uh dina juru mata
naha...
Bonganna...
Aahhh...percuma...
Sugan bisa ngabeberah
sapasi ati nu marudah
nyinglarkeun tugenah
malidkeun rereged manah
ngalenghoy...
Neuteup wanci peuting
Ngimeutan jalan - jalan nu kungsi kasorang
nu pernah jadi gupay kamelang
Aya rindat kageugeut
aya teuteup nu sieup
aya imut kareu'eut
dina rangkul - rangkul anu paheut
jumarigjeug...
Nu nyesa dina tungtung basa
nu nyangkrung dina pangrasa
keclak - keclak kuciwa
ju'uh dina juru mata
naha...
Bonganna...
Aahhh...percuma...
Rumasa
Rema-rema kasono
katingal ngadodoho
Moal bisa di popoho
sanajan mangsa nelasan jodo...
Kiceupna masih nu bihari
teuteupna masih nu sasari
Nu nyampakkeun pasini
Dugi ka kiwari
Ach....
Rumasa mopokeun salira
nyimpen carita dina turungkusan cimata
raheutna masih karasa
Kumaha ngahudangkeun rasa...
Kumaha mulasara deui cinta
nu geus ngampih dina lolongkrang dareuda
nyapih sagala harepan
bati tumungkul...
Nyegruk...
Rambisak...
Hate asa di sasa'ak...
hampura...
Palidna cinta urang dua'an teuing kamana
boa katandasa weritna jaman
*ngaleos
katingal ngadodoho
Moal bisa di popoho
sanajan mangsa nelasan jodo...
Kiceupna masih nu bihari
teuteupna masih nu sasari
Nu nyampakkeun pasini
Dugi ka kiwari
Ach....
Rumasa mopokeun salira
nyimpen carita dina turungkusan cimata
raheutna masih karasa
Kumaha ngahudangkeun rasa...
Kumaha mulasara deui cinta
nu geus ngampih dina lolongkrang dareuda
nyapih sagala harepan
bati tumungkul...
Nyegruk...
Rambisak...
Hate asa di sasa'ak...
hampura...
Palidna cinta urang dua'an teuing kamana
boa katandasa weritna jaman
*ngaleos
Cinta !?
Ketika cinta berbalut prasangka...logika tak lagi ada...semua cerita indah tak mampu meredamnya...aaachhh itukah cinta ?
Lupakan sajakah?
* smile and go a way
Lupakan sajakah?
* smile and go a way
Dimana3........
Panutan...salira aya dimana...
Jamparing asih naha bet hese leungit
kamelang salawasna nyangsang
rasa sono terus ngadodoho
jeuntreng kacapi jeritna ati
haleuang tembang gambaran rasa
kaasih ngait ngan kasalira
___ kangen___
Jamparing asih naha bet hese leungit
kamelang salawasna nyangsang
rasa sono terus ngadodoho
jeuntreng kacapi jeritna ati
haleuang tembang gambaran rasa
kaasih ngait ngan kasalira
___ kangen___
Harianeun
Dimana ayana sora kamelang
Dimana lebahna harewos kahariwang
Nu bihari marengan lengkah
Mulang....
Naha bet simpe?
Naha bet rehe?
Aaaaarrrrggggghhhhh
Gudawang_____
Dimana lebahna harewos kahariwang
Nu bihari marengan lengkah
Mulang....
Naha bet simpe?
Naha bet rehe?
Aaaaarrrrggggghhhhh
Gudawang_____
Harepan
Dina lolongkrang rasa
Aya cinta nu luar biasa
Dina lolongkrang teuteup
Aya sorot anu anteb
Maheut pasini nu pinasti
Aacchh____
Mugia mega hideung geuwat ingkah...
Di saput ku mega kayas
Di pasieup ku udat katumbiri
Di pulasan harepan geusan ngahontal kabagjaan
Nyanding hariring kabungah
Ngadalingdingkeun lengkah pasti...
Mugia _________
Aya cinta nu luar biasa
Dina lolongkrang teuteup
Aya sorot anu anteb
Maheut pasini nu pinasti
Aacchh____
Mugia mega hideung geuwat ingkah...
Di saput ku mega kayas
Di pasieup ku udat katumbiri
Di pulasan harepan geusan ngahontal kabagjaan
Nyanding hariring kabungah
Ngadalingdingkeun lengkah pasti...
Mugia _________
Kamis, 07 November 2013
" Apatis Compos mentis "
Asa nu nyanding...
Guligahna ati nu nguyung...
Atra dina pangrasa...
Bedas dina ramo2 dareuda...
Dimana ayana bagja?
Kamana nyiar kabingah?
Mun anjeun taya talatah
Salira...
Nu ngotretkeun tresna
Salira...
Nu nyimpaykeun pasini
Jungjunan...
Lambaran carita duaan
Ngamalir ti juru soca
Ju'uh minuhan udat-udat harepan
Naha kedah saliwatan
Duriat ϑî iwat karempan
Palid ka sagara tunggara
ªªªªĥĥ ....
Peuting nu mawa simpe
Masieup diri nu rehe
Bati ngajengjehe
Nyapih kasono nu ngolempar
:(
*terdampar
:p
Baru
Guligahna ati nu nguyung...
Atra dina pangrasa...
Bedas dina ramo2 dareuda...
Dimana ayana bagja?
Kamana nyiar kabingah?
Mun anjeun taya talatah
Salira...
Nu ngotretkeun tresna
Salira...
Nu nyimpaykeun pasini
Jungjunan...
Lambaran carita duaan
Ngamalir ti juru soca
Ju'uh minuhan udat-udat harepan
Naha kedah saliwatan
Duriat ϑî iwat karempan
Palid ka sagara tunggara
ªªªªĥĥ ....
Peuting nu mawa simpe
Masieup diri nu rehe
Bati ngajengjehe
Nyapih kasono nu ngolempar
:(
*terdampar
:p
Baru
" Samnolen "
Keclak-keclak cimata
Wawakil rasa nu dareuda
Inghak nu taya sora
Bati ati nu cumalimba
Na dimana kotretna Çïŋtæ
Na kamana ingkahna tresna
Mun harepan ϑî tandasa mangsa
Salira angteng †εΰ mirosea
Salira panteng kabina-bina
Majar pasini salawasna ϑî dama-dama
Tapi naha natratna harepan samar karasa
Hadeº°˚˚˚˚°ºuhh.... Hariring nu mawa kuciwa
Dalingding nu mere beja
Kuring nganti....
Kuring satia...
Salira nu ϑî picinta___
:)
*wilujeng wengi bray
Wawakil rasa nu dareuda
Inghak nu taya sora
Bati ati nu cumalimba
Na dimana kotretna Çïŋtæ
Na kamana ingkahna tresna
Mun harepan ϑî tandasa mangsa
Salira angteng †εΰ mirosea
Salira panteng kabina-bina
Majar pasini salawasna ϑî dama-dama
Tapi naha natratna harepan samar karasa
Hadeº°˚˚˚˚°ºuhh.... Hariring nu mawa kuciwa
Dalingding nu mere beja
Kuring nganti....
Kuring satia...
Salira nu ϑî picinta___
:)
*wilujeng wengi bray
Langganan:
Postingan (Atom)