Peuting ieu...
Dina mangsa mapag impènan
Simbutan kuring ku kadeudeuh
Anu pageuh...!
Peuting ieu...
Dina mangsa mapag simpé
Pêpéndé kuring...!
Ku tresna nu baheula
Peuting ieu...
Dina impènan kuring hayang jongjon
Guntreng padudua'an medar carita
Ocon banyol silih simbeuh katresna
Ngumbar kasono nu sasari
Ngan urang dua'an
Tilem dina sagara kabagjaan
Sanajan ukur sapeuting ieu...