Sabtu, 28 Desember 2013

~ > nu nyegruk ku sajak sorangan < ~

mangsa hatè di angkir lamunan anjeun
cimata tèh nyaliara mapay tepas hatè
sabab panto, jandèla, lalangit katut suhunan
kabèh nepungan anjeun nu mucicid ku sajak
nu di imah kuring mah kalah bulukan

mangsa rasa di jajap lamunan anjeun
geter kapeurih lir taya suda minuhan raga
sabab cinta, katresna jeung kaheman
kabèh karam kabawa sagara sawangan

mangsa rènghap teu wasa nyoara
nu nyèsa ukur ngungun kuciwa
beurang peuting alum ngotret raray tunggara
ngawagu...
rumahuh...
tumungkul...
taya basa...ukur keclak - keclak dareuda
naha...???
bet nyegruk ku sajak sorangan