mapay - mapay tapak cinta
nu pernah èndah karasa
nyipta bagja dina rangkulan salira
geugeut pageuh moal udar subaya
didinya....
palebah tangkal kaheman
aya asih nu marugulan
aya heman nu meulitan
geusan ngahiji dina kabagjaan
huh...rumahuh
mungguh seunggah
geuning ayeuna tugenah
ngalèlèwaan lengkah
naha ukur simpè
nu satia minuhan hatè
dimana...
kamana...
cinta nu majar panungtungan
harepan nu majar ukur dua'an
salira taya hawarna
anteng!!!