mencrong...
jalan nu baris di sorang
masih aya sumanget nu rohaka
geusan ngalèngkah
gelenyu...
masih aya imut nu kareu'eut
nu masieup raray
pikeun ngotrètkeun lambaran anyar
tunggara waktuna ingkah
cimata kantun keyembengna
inghak waktosna reureuh
dareuda kantun tapakna
gilig...
nyorangan moal matak ringrang
kepat nyingraykeun mega nu kulawu
ranggeuyan harepan nyacas ca'ang
mangsana bagja pasti tinemu
" meski tanpa dirimu "