Selasa, 17 Desember 2013

Sésa cimata kamari

Kuring hayang jiga kamari
Kuring hayang silih asih jiga kamari
Kuring hayang pacantèl kamelang jiga kamari
Kuring hayang padeukeut ati jiga kamari
Kuring hayang jangji pasini nu kamari

Uuggghhh....
Kahayang nu kamari
Nyèsakeun kanyeri
Ninggalkeun tatu nu ngageuri
Malidkeun cimata sèsa carita kamari
Kang....
Masih aya tamperan asih salira nu kamari?
Masih aya sorot kamelang anjeun nu sasari jiga kamari?
Masih pageuh gurat deudeuh salira nu kamari?
Acchhh....
Naha ngungun manjing diri kuring
Nyaliara mawa sungkawa
Ngareuykeun tali angkara
Nyupata carita kamari
Nu pernah urang sorang
Sèsa karingrang
Kiwari juuh na juru mata
Beu'eus ...ku dareuda