Kamis, 05 Desember 2013

@ harepan

Nyangkrung dina bangbarung diri
Nyangsaya dina pilar rasa
Ngalelewe mapay gerentesna ati
Ngalecrakan malidkeun cimata
Dimana hibar kasono
Kamana harewos nu ngadodoho
Nu biasa nyumangetan lengkah
Nu bihari ukur hawar kawegah
Ach....
Naha teu sadrah?
Naha beut ngarasula?
Naha beut sumerah?
Jalan pilempangan masih bengras
Tapak kabingah ngantos nyacas
Sanajan nyorangan ngalengkah
Bagja pasti pinanggih
Di sarengan ku pamrih
ka Gusti nu maha asih
Cag bangbaluh.....