Sabtu, 28 Desember 2013

~ > katumbiri piyas < ~

dina sorot soca anjeun
lalakon nyungsi pirang - pirang lamunan
nu sa'ab ku hawa katresna

tina soanten anjeun
aya harèwos nu kepat kamelang
dina lambaran carita kamari nu geus di rancang

wakca anjeun mèpèndè papanggè hatè
bgarakrak reu'euk nu minuhan rahuh kulawu
nu nyimbeuhan ibun nu nyalangkrung dina pangharepan

lebah pucuk - pucuk sawangan
kereteg mapay rasa nu barungsinang
muru kalimah nu teu elat di gundamkeun
tina sakur kaca lambaran lalakon urang
hanjakal....!
taya tapakna________