Teu pira...
Neuteup potrét salira
Nu masih satia ngeusian lolongkrang rasa
Teuteupna ...estu mitresna
Imutna...gelenyu kebek ku cinta
Jirimna...matri mapaés raga
Nyawang carita urang duaan
Ocon banyol dina amparan kaheman
Jungjunan...
Ngolèmparna hatè nu simpè
Mirig galècokna haté
Ngamalirkeun pucuk - pucuk kuciwa
Acchhh...
Potrêt salira masih nyampak dina rohangan kalbu
Masih tumapel rapet ngulawu
Dina pilar kalbu
Nyangsaya....
Guligah ku siksa cinta
Mudalkeun keclak - keclak cimata
Cimata tresna
Ka salira________