talobèh!
ngarakrak rasa nu aya
ngajadi geuleuh
lalawora!
ngabacakar katresna
ku polah nu keur salira
jiga nu teu pira
tega!
nandasa sakur pasini
nuaran impenan
ku sikap nu nyamuni
mana tapakna kaheman?
mana gurat katresna?
mana hariwang nu sasari atra?
ukur sa'abna angkara
nu kalis ngamuara jero dada