Rabu, 24 Desember 2014

~~~> sujudku <~~~

Dina lambaran - lambaran du'a
nganteng kahayang nu rohaka
ngitung wilangan Asma _Na
sumujud miharep laksana
sagala cita - cita
Duh...Pangeran Nu Maha Asih
kuring keyeng....
ku kuring Θï akalan, Θï ikhtiaran
miharep tinekanan
kuring ngarumpuyuk....meredih
kuring pamrih
hirup geusan jadi pinilih
ngahontal sagala impian
Anjeun Dzat nu Maha Sagalana
Anjeun Dzat nu Maha ngabulak - balikeun nasib Umat_Na
kuring sumujud...
manteng...panteng ngan ukur ka Anjeun
nu ngagaduhan sagala kahirupan
Mugia...
Rahayu, waluya kaalaman

Amin Yra
@ just waiting a Miracle
     Santi S. Natawiriya

Kamis, 18 Desember 2014

~~~ lilir dina rangkulan ~~~

Mangsa nyangsaya dina dadana
ketug jajantungna atra ngawirahma
geter - geter cinta nu ngagalura
mungguh nyata ngagentra
ray tanggah....
nitenan pameunteu na
mapay keureutan ta'arna, pangambungna,
halis katut socana,
lambey sareng angkeutna,
rangkulannana,
estu teugeup geusan nyarande
ngaitkeun ketip - ketip harepan
nitipkeun wilangan kaheman
kuring, anjeun satujuan
ngambah sagara kabagjaan....

@ janari 18'12'14
Santi S. Natawiriya

Selasa, 09 Desember 2014

~~> haréwos <~~

Harita...
Gentrana halon ngaharèwos
teuteupna linduh geusan nyalu'uh
pameunteu pinuh ku kahèman
mangsa urang ngumbar rasa
ngabudalkeun sakecap basa
geter cinta nu ngagalura
ngipuk ligar nyaliara
mapaesan hate dugika kiwari
salira.....nu ngagaduhan ieu diri
kuring salawasna nganti
pasini ngajadi bukti.....

290714
Santi S. Natawiriya

Jumat, 05 Desember 2014

~~> satia salamina <~~

Mereketkeun patékadan
Seja satia ka panutan
Badè tigin kana pasini duaan
Moal ingkah balilahan
Sanajan pait peuheur kaalaman
Aya sumanget nu ngabebela
Nyampak harepan nu hamo sirna
Taya niat ngarasula
Rumasa cinta geus ngagalura
Nyaliara minuhan raga sukma
Kuring nganti...
Pasini geusan ngajadi
Ti kiwari dugika titimangsa nu mustari......

@ Santi S. Natawiriya

Minggu, 30 November 2014

~~> cimata bagja <~~

Aya nu murubut tina juru mata
ngamalir mapay damis
kalis ngagulidagkeun gerentes
galecok palebah tungtung basa
nyata lain tunggara
atra lain nalangsa
ieu cimata cinta...
ieu rasa bungah nu rohaka...
ieu inghak bagja...
Numinuhan rohangan rasa
___ehm cinta___

Deudeuhsalamina
Santi S. Natawiriya

Senin, 17 November 2014

~~> ringkang karingrang <~~

Ngalenyepan galecokna hate
nu nyamuni satukangeun girimis peuting ieu...
aya hariring nu ngagerihan
aya dangding nu nurihan ati
naha cangcaya masih ngaraja dina manah salira....?
naha karingrang masih ngalagu dina basa salira....?
carita nu kamari ukur warna lampah kuring
carita nu baheula ukur udat hirup kuring
kabeh carita geus di pungkas, kabeh geus di pangkas, geus koredas !!!
taya deui nu nyesa dina mamaras
ayeuna....
ukur salira nu marengan lengkah
ukur salira tutungkusan  kaheman
ukur salira nu di pi asih
ukur salira nu di piheman
ukur salira kembang harepan
nu jadi impenan kabagjaan
ayeuna jeung saterusna

humandeuar....mungguh cinta nu sajati
moal la'as sanajan tinemu dodoja
mugia.....

#deudeuhsalamina

~~ girimis cinta ~~

Marengan girimis
keclak - keclak cihujan maseuhan diri
estu tengtrem
atra nyieuhkeun sagala karingrang
malidkeun sakabeh ringkang kamelang
kuring teu kabulusan...!
jirim teu katirisan...!
mungguh haneut ku rasa cinta
nyangsaya ku  endahna simut katresna
antawis girimis, kuring, salira, wengi ieu...
natrat cinta nu rohaka
nu moal cidra sanajan loba nu codeka
cinta kuring....
lir girimis....wening mapaes diri
ukur kanggo salira.....

# deudeuhsalamina

Rabu, 22 Oktober 2014

Nganti...

Nganti girimis maseuhan salambar rasa
nyieuhkeun kereteg nu ngagalura jero dada...
ringrang ...
hariwang...
melang...
ngagunasika katenangan sukma
ukur pucuk karempan nu marengan lengkah
ukur congo eurih nu nyeuitan rasa
ngabedahkeun karungsing diri
naha....
cinta natrat Θï barengan kalangkang na cidra.....
rumasa micinta tan wates wangenna
meredih bagja taya kendatna
ehm......mugia
bagja lan cinta masih milik diri
kalih salira nu ngagaduhan ati___

NuAing _ DeudeuhSalamina

Jumat, 17 Oktober 2014

~~> rasa dina pangrasa <~~

hiji rasa  nu nyangkaruk dina sagara kalbu
mancawura medar binih - binih kaheman
ngipukan ngajirim ngaranggeuy harepan
seungitna nyambuang minuhan lolongrang rasa
ehm ...cinta !
guratna malipir congo ati
natrat ngabaladah langit - langit kaasih
ngagolontorkeun keclak - keclak impenan
mugia bagja....
nyanding Θï diri....

@ Just love 15'10'14

Ugihluvjatnika... Salamina

Selasa, 07 Oktober 2014

~~> gerentes hatè <~~

Nu nyamuni satukangeun imut kuring
hariring nu medar impénan
galindeng nu ngaharèwoskeun harepan
mangsa hatè kebek ku kahèman
ti salira nu ngancik dina lelembutan
panutan geusan batur pakumaha
kuring nyimpaykeun sagala rasa
nu meredih Θï cèboran cai kaasih
Θï simutan areuy kadeudeuh
Θï pèpèndè dangding katresna
mugia ....bagja milik duaan

At my october 07' 2014

Just 4u R. Jatnika Natawiriya 

Senin, 06 Oktober 2014

~~> panceg iwal anjeun <~~

Dina golodog hatè
Nyangsaya tresna nu rohaka
Ebrèh mapay bangbarung rasa
Nyaliara ngagulidagkeun kahèman
Ngawangun pilar - pilar harepan
Mapaésan tepas impènan
Sagurat patèkadan...
Natrat dina lolongkrang jalan pilempangan
Muru gumilangna giwangkara
Parat mapag sumurupna srangéngé
Nyambut katumbiri pasosoré
Nya didinya...
Palebah warna - warnina
Cinta jeung bagja
Baris mulas langit kuring___

@ pangkèng 06'10'14
Duriat nu ngaguruh dina ati...

Sabtu, 27 September 2014

Rohaka...

neuleuman kaheman
asa ku bagja
ngamalirkeun ketug - ketug katresna
nu satia mapay rasa

ngararasakeun haneutna usap geugeut salira
mungguh diri tilem dina sagara cinta
Θï ayun ambing rèbuan harepan
nu natrat dina teuteup salira
mépéndé haté ku simbut impénan
diri lir béntang nu tonggoy sidéndang
mapag balebat satukangeun gedurna katresna....
mungguh cinta urang rohaka
nu moal cidra ku mangsa
sanajan urang ngolotan

Lilir at 04.04
Nuaing_deudeuh salamina

Selasa, 23 September 2014

Bagja.....

Mangsa raray tanggah....
neuleuman teuteup nu seukeut
dua rasa kabeungkeut haneutna imut
mungguh cinta awor ngagalura
nyaliara mapay sagara rasa
teul anteul dina dada....
ketug jajantungna motah ngaharèwoskeun denyut katresna
gap....dua panangan patarèma
pageuh nyawalikan galècokna ati
seja jangji silih mikaasih
bade paheut geusan mikahèman
Θï dinya......
palebah bulan sapasi Θï bekasi
dua ati nyatet beungkeutan pasini.....

@ Bekasi 21'09'14
NuAing_deudeuh salamina

Sabtu, 20 September 2014

~~> tapak -tapak asih <~~

Sapapanjang jalan...
Anteng neuteup kiceup bèntang
Atra ngararasakeun èndahna tepang
Natrat guligahna rasa kahariwang
Inggis cinta ngan sakolèbatan
Paur asih ngan sakedapan
Ehm....
Mugia bagja milik duaan
Dua ati tigin geusan babarengan
Mugia....

@ cileunyi '17
NuAing_ 11'09'14

~~> keur hiji jirim <~~

Dina simpèna wanci janari
Balèbat medal nyumiratkeun polés harepan
Ngarunday pirang - pirang impènan
Atra ngiceupan lir bèntang mapag srangèngè...
Salembar potrét panutan
Ngalèlèwa ngajak paguneman
Galècok nyarita èndahna mapag bagja
Ngusapan sagala karémpan
Nyieuhkeun sakabéh kahariwang
Jungjunan...
Pameunteu salira anu linduh
Matak betah ngiuhan
Teuteup salira anu seukeut
Mungguh wegah geusan ngejat
Dina rindat nu pinuh kahèman
Kuring leuseuh ku kadeudeuh
Kuring jempling ku hariring
Ukur harèwos nu ngageuri
" salira ulah pisan ngantunkeun"
Kuring jeung saranggeuy katresna
Nu kalan ligar kembangan
Minuhan lolongkrang sukma

@ Bekasi 03'09'14_ NuAing

Jumat, 19 September 2014

Steel at Argapuri Vilaz

Dina lolongkrang rasa
Aya cinta nu luar biasa...
Dina lolongkrang teuteup
Aya sorot anu anteb...
Aya rangkul kahéman
Nyanding keclak kadeudeuh...
Maheutkeun simpay kageugeut
Dipasieup jangji pasini...
Duaan nyipta kabagjaan
Keur urang duaan... Mugia___

# NuAing_DeudeuhSalamina

Deudeuh salamina....

Palebah mumunggang
Aya rasa nu bungangang
Atra dina hiliwirna angin pagunungan
Ngagentra harepan nu ligar kembangan
Palebah kiceup bèntang...
Dua panangan pataréma
Mageuhkeun rangkulan
Maheutkeun sakabèh impènan
Ukur galécokna manah
Pameunteu kebek kabingah
Di saput ku galindengna cinta
Minuhan lolongkrang rasa
Ngeclakeun ciibun bagja
Mugia... Ngajadi akhir cinta___

@ ArgapuriVilaz25'08'14_NuAing

Rabu, 17 September 2014

@ Bekasi, 05 April 2014

Kucuran ku katresna...!
Simbeuhan ku kageugeut...!
Rangkul ku kadeudeuh...!
Mugia... Bagja nyaliara mapay rasa
Ngamalir dina udat - udat cinta
Ngamuara satukangeun galindengna sukma...

Ehm... Cinta!

~~> palebah rangkulan <~~

Teuteup anjeun...
Anteb nembrag jajantung
Nembus nyaliara mapay rasa
Mawa harèwos kanyaah
Mupus sagala katugenah

Rangkul salira...
Malidkeun sakabèh bangbaluh
Nu saban wanci natrat dina rahuh
Neuleumkeun sagala kapeurih
Meper kuciwa nu teu euih - euih
Nurih,  ngarangrangan matak balilih
Ku usap pinuh kadeudeuh

Panutan...
Taya basa anu wakca
Ukur rindat anu nyata
Balaka...
Kuring ukur bisa sumegruk
Nginghak...
Namplokkeun sagala kanyeri
Ni pernah nyiliwuri
Tumapel dina diri

Jungjunan...
Mugia areuy katresna salira
Saèstuna kabagjaan nu di anti
Urang salamina aya dina widi gusti...

@  Ciwidey 29 Maret 2014

Sabtu, 23 Agustus 2014

Ingkah

Marengan lèngkah
Nyorang jalan - jalan nu sasari
Teu kendat cimata murubut
Ngabudalkeun sakotrét kuciwa
Inghak nu ngageuri....
Ngaremkeun sagala harepan
Malidkeun impènan èndahna cinta
Rumasa...
Diri pinuh ku cèda
Rumasa...
Teu ngaji diri
Kabagjaan hamo kapimilik
Da diri guyang kahina
Penggas sakabèh impian
Leungit sagala harepan
Cag...
Kuring indit lain sulaya
Tapi inggis nguciwakeun
Kuring ingkah lain baha
Tapi sieun guyang cimata deui
Bral panutan....
Mugia salira aya dina kabagjaan
Salawasna...

Jumat, 22 Agustus 2014

Wilujeng _____

Titimangsa nu kamari kasungsi
Narèmbongan lir siluet hideung
Ngalangkangan...
Ngajebèngan...
Ngabibisani jiga nu ngananaha
Mangsa urang patepang
Wanci urang silih tamplokkeun kahayang
Mapaés èndahna impénan
Natrat ngarobéda jero dada
Kanyeri...
Kapeurih...
Cimata...
Kuciwa...
Bacakar pacampur jeung pamrih
Kahayang mah...
Ayeuna ukur ngararasakeun manisnya cinta
Kantun mapay legitna bagja
Duaan silih patarèma rasa
Dina galura katresna
Nu jadi impènan kuring,  kalih salira

@ Nu Aing _ b'day c ayank

Jandèla rasa

Kiceup bèntang wengi tadi
Lir ngawakilan guligahna ati
Wanci pageuhna rangkulan dua diri
Maheutkeun pasini nu kungsi matri
Aya kahèman nu mèpèndè rasa
Aya katresna nu nyimbutan raga
Nyaliara ngagedur nyieuhkeun supata
Keclak ciibun sèsa janari
Ngamalir ngaremkeun sagala kuciwa
Mapay sumiratna giwangkara
Ngaranggeuy warna - warni cimata bagja
Ngaronceu harepan weningna cinta
Harita....
Palebah lolongkrang Argapuri

@ Argapuri Vilaz, 23.24.25 agustus 2014

Sabtu, 12 Juli 2014

~> cimata cinta <~

Girimis murag na lahunan
Sanggeus ceudeum teu wasa di sideum
Halimun mingkin ngandelan
Mulaskeun warna alum

Jungjunan...
Wengi ieu
Lalakon nu kungsi di pedar
Bet kaguar narèmbongan
Teu wasa nyieuhkeunnana

Naha jungjunan...
Anjeun èbrèh ngalangkangan
Dina mangsa carita anyar mimiti medar
Naha...?

Jungjunan...
Kasono jeung kasedih
Kakangen jeung kapeurih
Ngagulung ngarurub kalbu
Ngarèrèwèt rajètna hatè

Naha kunaon.......???

( sajak kintunan Rudi Hartono )

Jumat, 04 Juli 2014

~> naha <~

Majar aya rasa nya'ah kanggo kuring...?
Majar aya rasa melang kanggo kuring...?
Majar aya rasa asih kanggo kuring...?
Tapi naha salira bet panceg miang...?

Salira...
Bibilasan mareuman rasa nu aya
Sulaya geusan ngaronce èndahna cinta

Kiwari...
Tinggal inghak nu nyèsa
Murubutna cimata tunggara
Malidkeun sakabéh cidra

Tingali kuring...!
Teuteup kuring...!
Dimana katresna nu majar ngalagena jero dada...?
Dimana kaheman nu majar ngaplak lir sagara...?
Dimana...
Kamana...
Naha.........

~> mapay shaum <~

Ngalenyepan peuting
Nu simpè di papaès peteng
Aya tingtrim anu nyanding
Ngawirahma bagja...halon ngahahariring
Gerentes ungkara bagja
Ju'uh cimata nu wakca
Wawakil mangpirang - pirang rasa
Ka Gusti Nu Maha Ngariksa

Gustiiii.....
Taya basa nu janten wawakil diri
Ajrih dina sumujud...
Sumegruk...
Sumerah sadaya - daya
Ucap syukur mung ka anjeun
Nu ngagaduhan ieu raga tur jiwa
Hamdallah ieu diri masih tiasa ngalaman
Dinten - dinten barokah dina sasih syiam
Alhamdulillah___

@ nu ju'uh dina amparan sajadah

Minggu, 08 Juni 2014

~> impènan <~

Peuting kamari nu jadi saksi
Ligarna kembang kahèman
Mekarna pucuk impènan
Dua ati silih paheutkeun pasini

Peuting kamari nu nyaksèni
Keclak ibun kadeudeuh maseuhan
Dua diri nyipta harepan
Nyimpay duriat pikeun ngajadi

Kuring hayang peuting kamari jadi ciri
Natratna lèngkah -léngkah pasti
Turus cinta urang nu sajati
Papagon urang geusan ngahiji

Aaarrrggghhh...

Kuring hayang salamina jiga peuting kamari
Silih simbeuh kadeudeuh
Silih tampeurkeun  kageugeut
Silih simbutan ku katresna
Silih pèpèndè ku dangding kaasih

Kuring hayang salawasna jiga peuting kamari
Nganti balébat diantara truk - trekna wanci
Muru sumiratna giwangkara dina séahna sagara cinta urang duaan

Mugia bagja sapaneja ___

~> Talatah <~

Jungjunan...
Dina salambar serat kanggo salira...

Nyawang wanci nu pinasti
Nyorang mangsa nu mustari
Aya haréwos karémpan
Nyampak geter karingrang
Nu kebek minuhan lolongkrang hatè
Nu natrat masieup simpé

Jungjunan...
Dina salambar serat kanggo salira...

Nganti wanci geusan pa'amprok
Mapay titisangsa geusan pajonghok
Naha bet hangham...?
Naha bet rémpan...?

Jungjunan...
Dina salambar serat kanggo salira...

Nyipta baris nyimpay katresna
Aya sakeclak munajat
Mugia bagja matri duriat
Urang pa'amprok geusan ngedalkeun pasini
Tepung pikeun nyantèlkeun tatali asih
Patepang kanggo nyacapkeun geter - geter katresna
Ngabakutet cinta urang ku pirang - pirang kahéman
Nu saur anjeun bakal nyanding kabagjaan keur dua'an

Jungjunan...
Sabaran...!
Leukeunan...!
Antosan...!
Kuring pasti nepangan salira
Mawa salambar harepan
Urang panggih pikeun silih pika'asih
Bagéa___

Kamis, 22 Mei 2014

~> Kalangsu <~

Naon nu kudu di pilampah
Kumaha kuduna  ngalèngkah
Geusan ngahontal kabungah
Ngarah taya nu tugenah

Ngarakacak nyampa rasa
Bacakar ngaragap kuciwa
Lain teu surti
Lain teu ngarti
Rumasa diri leutik harti
Rumasa baluweng ngariksa diri

Perasaan...
Kahayang...
Karémpan...
Paburantak minuhan uteuk

Kalangsu...
Meredih rasa nungawiru
Ngaji diri dina ati

Taya niat nganyenyeri
Teu ngahaja ngamomorè
Duka teuing dimana weningna manah
Nu nyampak ukur guligah

Hampura...
Kuring kalangsu
Dina tapak - tapak kulawu
Teuing kamana
Duka kudu kumaha

:(

Jumat, 09 Mei 2014

~> naha..... <~

Naha...
Kamana cinta nu majar ngalagena
Atra dina tungtung basa...
Béngras dina sorot soca
Kedah kumaha mapalèrkeun asih
Mun anjeun ukur babasan dina tulisan
Geura wakca....!
Sok geura balaka.....!
Kuring kasiksa... Ku rasa nu ngaran cinta________

~> i yep u but i had to leave u <~

Marengan bulan...
Aya peuting nu pernah mawa hèman
Aya hariring asih nu jadi kereteg hatè duaan

Ayeuna...
Marengan bulan
Aya peteng nu ngaléndotan
Nyimbutan ku poékna harepan

Satukangeun cahaya bulan
Ukur inghak nu marengan
Ukur cimata nu murubutan
Wanci cinta geus wekasan...

Minggu, 04 Mei 2014

Tired

Lelah...
Untuk semua yg ku lalui
So sad...
Akan jalan yang ku tapaki
Saat hati mulai mencinta
Kala jiwa mulai takut kehilangan
Takut...
Ketika overprotektivemu seperti mantan suamiku
Ego dan ketidak pedulianmu seperti hal nya mantan kekasihku...bahkan di saat aku membutuhkanmu... Di saat aku sakit pun... Kau abaikan aku
Tragis...
Begitu dalam rasaku padamu
Sampai aku seperti bukan diriku
Kau bentuk aku seperti kemauanmu
Tapi kamu lupa beib...
Telah begitu banyak tangis dan kekecewaan dalam hidupku yang ku rasa
Sehingga aku sanggup pergi dari hatimu
Biarkan kulukai rasa cintaku
Biar ku biasakan diriku tanpamu
Andai saja kau seperti ayahku
Yang selalu mampu meredamku dengan sikapnya... Menuntunku dgn kelembutan
Memahami karakterku dgn ketenangannya...
Inilah aku.....
Dengan segala kekuranganku
Dan bila saat ini aku berlalu dari hidupmu
Itu karena aku begitu takut akan persamaan sikap kita
Mungkin silent dan go a way
Membuat kita menyadari
Terkadang cinta ...bisa pergi....!!!

Sabtu, 03 Mei 2014

~> cangcaya <~

Mun bener cinta nu saéstu
Pasti moal la'as sanajan tinemu tatu
Nyambuang minuhan pangkéng sukma
Cinta.....
Masieup rênghap
Marengan ketugna jajantung
Mugia aya tungtung kabagjaan
Kanggo urang duaan

~> blm ada judul <~

Patepang dina lolongkrang rasa
Duaan silih pataréma rumasa
Geter cinta nu natrat dina tungtung basa
Ukur haréwos katresna
Ukur hariring tilam ka éling
Silih simbeuh kadeudeuh
Silih tangkeup kageugeut
Wakca dina rindat
Béngras nyumirat
Ngalagena mawa tibelat

~> ju'uh <~

Nu nyu'uh dina palupuk kuciwa
Di samakkan salambar cidra
Nu ngutahkeun peurahna cinta
Geura budalkeun...!
Gewat palidkeun...!
Malar hampang... Ngarah sadrah
Cimata...
Mugia kadilih cinta
Énjing géto pinanggih bagja
Nu jadi ubar guligah ayeuna...

Senin, 17 Maret 2014

~» Egrenter Cinta «~

Ucap jangji urang duaan
Geusan nyorang kabagjaan
Meungkeut pageuh pamadegan
Moal gedag kaanginan
Moal unggut kalinduan
Sanajan loba halangan
Cinta nu matri urang
Asih nu nyanding hariwang
Mairan maheutkeun patékadan
Jungjunan.....
Urang papag pasini ku teuteup anu sieup
Urang rangkul kabagjaan ku tekad nu anteb
Urang ronce lambaran cinta urang polah nu silih geuingkeun...
Silih talingakeun...
Silih tarimakeun...
Silih pikadeudeuh...
Silih pakait impênan...
Jungjunan...
Yuk.....urang ngaléngkah mapag harepan....ngambah sagara kahirupan
Nyipta sagara kabagjaan
Ukur urang duaan
Salamina....silih mikatresna
Mugia tinekanan

Bagéa_____

~» ya tibia lubyu «~

Dina haliwirna angin peuting
Mangsa wanci maju ka jempling
Aya hariring cinta nu nyanding
Antra mépéndé asih nu ngaping
Ngagentra mapaésan haté kuring

Geter - geter kahéman
Kebek minuhan sanubari
Réma - rèma impénan
Ngabakutet tresna taman diri
Ngaranggey...masieup legitna harepan

Aya imut nu nyari
Aya teuteup nu pasti
Aya geugeut nu matri
Rangkulan éndahna cinta
Nyimbutan tilemna rasa
Hoaaammm.....
Aaaacchhh.....wilujeng leleson panutan
Mugia enjing urang tinemu bagja

Amin yra____

Senin, 10 Maret 2014

Missing u

Ku selamatkan seorang gadis mungil...kuberikan orang tuanya secercah harapan...namun aku malah kehilangan separuh jiwaku, aku kehilangan dirimu, aku kehilangan kekasihku_______

Minggu, 09 Maret 2014

Detak 22 : 17

Gontai...
Melangkah menembus malam
Menyusuri cakrawala kelam
Menapaki jalan yg suram
Rasanya sesak...
Terasa ada sekam
Yang bersembunyi jauh di relung hati
Aaarrrrrrggggghhhh....
Hasrat yang berserak
Deras mengaliri sudut mata
Terisak....
Mengoyak benak
Mencabik - cabik jiwa
Ingin rasanya berlari
Tuk lontarkan serpihan - serpihan kecewa....
Tapi semua takkan menuai arti
Cinta yang berbalut amarah
Nyata tergambar dalam resah
Ku cumbui malam
Ku pagut bulir gerimis
Berharap segalanya menguap
Berdoa semuanya memudar
Rengkuh aku dalam gigil malam ini
Untuk basuh nyeri yang ku miliki
Hujan.....
Terkadang mampu samarkan perih
Biarlah hanya lirih
Iringi diri dlm rinai sedih
......

Jumat, 14 Februari 2014

Lulungu

Msh seperti kmrn
Terjaga
Terisak
Dan tergugu
Ach rindu.....

Selasa, 28 Januari 2014

~» MY EGRENTER «~

Aku masih mengingatmu
Menyimpan semua tentang kita dalam relung hatiku...
Mengunci rapat _rapat agar tak pernah pupus, segalanya
Berharap semua akan indah pada saatnya...

Here...
I'm waiting...

Senin, 27 Januari 2014

~» aku tentang perasaanku «~

Inginku berpaling
Dari sekilas kerling
Dari seulas senyum
Yang terkulum
Dan sekelebat raut wajah
Yg masih mampu membuatku jengah...

Inginku menunduk
Menghindar dari tatap rayumu
Mencoba menutup kupingku
Dari bisik mesramu
Acchh...pesonamu
Masih saja menggodaku
Memporak - porandakan beranda hatiku...

Sungguh ku merindu
Kamu dan masa lalu
Sumpah ku mencinta
Cerita yg kita renda

Arrrggghhh....
Ku terlena
Dlm bingkai kenangan
Yang meninggalkan kubangan
Luka, airmata dan kepedihan
Selamat jalan cinta
Semua tentangmu tinggal fatamorgana.....

~» gerentes «~

Mukaan lambaran carita kamari
Nyipta lêngkah - lèngkah nu karandapan...
Asa baluwas...
Asa reuwas...
Asa nyacas pias...
Atra dina implengan
Pasrah dina ibun kanyeri
Sadrah dina amparan kapeurih
Kabulusan dina simbut kuciwa
Ngangreus...
Beu'eus...
Ngageuri...
Gumeter ku milik diri...
Hiks.....
Masih aya sapasi impian
Masih nyésa sakotrêt harepan
Bakal dipapay di tarêkahan
Bagja diri...pasti ngajadi....

Rabu, 22 Januari 2014

~» kulawu «~

Neuleuman rasa
Nu moal bisa ku anjeun
Ka teuleuman

Remen némbongan
Raray anjeun
Ngahéroan

Nyaliksik
Ati kuring nu teu welèh
Ngulisik

Ngadodoho
Kalangkang anjeun
Ngajauhan
Mawa kanyeri anu nyoco

Rabu, 15 Januari 2014

~» tapak - tapak katresna «~

nu nyangkrung dina pucuk - pucuk kembang
palid kabawa keclak - keclak girimis
nu nyangkorèh dina pulir - pulir tatangkalan
lantis kabawa cihujan

rangrang karingrang murugulan
regang - regang kamelang maruragan
bedah marudah
séah mudalkeun sagara tugenah

nu nyampak...
ukur bangkarakna carita
nu nyésa...
ukur tapak - tapak katresna
bray kahéman
pray kaasih
cag tunggara
.......................

Jumat, 10 Januari 2014

~» kalangsu «~

naon nu kudu di pilampah
kumaha kuduna ngalèngkah
geusan ngahontal kabungah
ku tingkah nu merenah
ngarah taya nu tugenah

ngarakacak nyampa rasa
bacakar ngaragap kuciwa
lain teu surti
lain teu ngarti
rumasa diri oge leutik harti
rumasa baluweng ngariksa diri

perasaan...
kahayang...
karèmpan...
harepan...
paburantak minuhan hatè

kalangsu...
meredih rasa nu ngawiru
kalangsu
ngaji diri dina ati

dimana manyunna kahayang
mungguh jujur haté bimbang

taya niat nganyenyeri
teu di haja ngamomorè

duka teuing dimana weningna manah
nu nyampak ukur guligah

hampura...
kuring kalangsu...
dina tapak _tapak  kulawu
teuing iraha
duka iraha

Senin, 06 Januari 2014

~» kalakay «~

Nyangsaya
Dina bangbarung rasa
Lebah langit - langit katresna
Lebah pilar - pilar katideresa

Taya wakca, taya soara
Ukur galècokna titirasa
Ukur keclak - keclak cisoca
Nu nyaliara mapay raga

Ach...perlaya !

~» salah «~

Pasalia basa
Jadina pasalia rasa
Rumasa teu bisa milah kalimah
Antukna gajadi tugenah
Hampura...
bilih akhirna ticengklak manah

?????

Sabtu, 04 Januari 2014

~» thinking of you «~

Hem...
Memikirkanmu dalam gelap
Mengingatmu dalam senyap
Rasanya indah walau hanya sekejap

Hahahaha...
Rasanya lucu
Ada seulas senyum malu
Yang tersungging dari bibirku

Huh...
Apa yang terjadi denganku
Mulai memikirkanmu
Mulai mengingatmu
Atau bahkan mulai merindumu

Aaaaarrrgggghhhh...
Andai dia tahu
Andai dia sepertiku

Adanya dirimu rengkuh aku
Dalam setiap helaan nafasku

Hiks...
So miss u

Rabu, 01 Januari 2014

~ » Balébat « ~

lebah balèbat...
aya imut saliwat
aya rindat sajorèlat
aya kiceup nu matak ngiwat
hem...sakolèbat

beuuuuuhhhh...!
bet ninggalkeun tibelat
nyèsakeun rasa nu teu werat
awor jadi teu puguh adat

aaaaarrrgggghhhh...!
hayang nulis surat kanu keupat
rumasa mimiti aya duriat
trus kuring minggat
èra kanyahoan "KABÈNGBAT"