Dina simpèna wanci janari
Balèbat medal nyumiratkeun polés harepan
Ngarunday pirang - pirang impènan
Atra ngiceupan lir bèntang mapag srangèngè...
Salembar potrét panutan
Ngalèlèwa ngajak paguneman
Galècok nyarita èndahna mapag bagja
Ngusapan sagala karémpan
Nyieuhkeun sakabéh kahariwang
Jungjunan...
Pameunteu salira anu linduh
Matak betah ngiuhan
Teuteup salira anu seukeut
Mungguh wegah geusan ngejat
Dina rindat nu pinuh kahèman
Kuring leuseuh ku kadeudeuh
Kuring jempling ku hariring
Ukur harèwos nu ngageuri
" salira ulah pisan ngantunkeun"
Kuring jeung saranggeuy katresna
Nu kalan ligar kembangan
Minuhan lolongkrang sukma
@ Bekasi 03'09'14_ NuAing