Rabu, 17 September 2014

~~> palebah rangkulan <~~

Teuteup anjeun...
Anteb nembrag jajantung
Nembus nyaliara mapay rasa
Mawa harèwos kanyaah
Mupus sagala katugenah

Rangkul salira...
Malidkeun sakabèh bangbaluh
Nu saban wanci natrat dina rahuh
Neuleumkeun sagala kapeurih
Meper kuciwa nu teu euih - euih
Nurih,  ngarangrangan matak balilih
Ku usap pinuh kadeudeuh

Panutan...
Taya basa anu wakca
Ukur rindat anu nyata
Balaka...
Kuring ukur bisa sumegruk
Nginghak...
Namplokkeun sagala kanyeri
Ni pernah nyiliwuri
Tumapel dina diri

Jungjunan...
Mugia areuy katresna salira
Saèstuna kabagjaan nu di anti
Urang salamina aya dina widi gusti...

@  Ciwidey 29 Maret 2014