Marengan lèngkah
Nyorang jalan - jalan nu sasari
Teu kendat cimata murubut
Ngabudalkeun sakotrét kuciwa
Inghak nu ngageuri....
Ngaremkeun sagala harepan
Malidkeun impènan èndahna cinta
Rumasa...
Diri pinuh ku cèda
Rumasa...
Teu ngaji diri
Kabagjaan hamo kapimilik
Da diri guyang kahina
Penggas sakabèh impian
Leungit sagala harepan
Cag...
Kuring indit lain sulaya
Tapi inggis nguciwakeun
Kuring ingkah lain baha
Tapi sieun guyang cimata deui
Bral panutan....
Mugia salira aya dina kabagjaan
Salawasna...