Jumat, 22 Agustus 2014

Jandèla rasa

Kiceup bèntang wengi tadi
Lir ngawakilan guligahna ati
Wanci pageuhna rangkulan dua diri
Maheutkeun pasini nu kungsi matri
Aya kahèman nu mèpèndè rasa
Aya katresna nu nyimbutan raga
Nyaliara ngagedur nyieuhkeun supata
Keclak ciibun sèsa janari
Ngamalir ngaremkeun sagala kuciwa
Mapay sumiratna giwangkara
Ngaranggeuy warna - warni cimata bagja
Ngaronceu harepan weningna cinta
Harita....
Palebah lolongkrang Argapuri

@ Argapuri Vilaz, 23.24.25 agustus 2014