Sabtu, 12 Juli 2014

~> cimata cinta <~

Girimis murag na lahunan
Sanggeus ceudeum teu wasa di sideum
Halimun mingkin ngandelan
Mulaskeun warna alum

Jungjunan...
Wengi ieu
Lalakon nu kungsi di pedar
Bet kaguar narèmbongan
Teu wasa nyieuhkeunnana

Naha jungjunan...
Anjeun èbrèh ngalangkangan
Dina mangsa carita anyar mimiti medar
Naha...?

Jungjunan...
Kasono jeung kasedih
Kakangen jeung kapeurih
Ngagulung ngarurub kalbu
Ngarèrèwèt rajètna hatè

Naha kunaon.......???

( sajak kintunan Rudi Hartono )