Rabu, 15 Januari 2014

~» tapak - tapak katresna «~

nu nyangkrung dina pucuk - pucuk kembang
palid kabawa keclak - keclak girimis
nu nyangkorèh dina pulir - pulir tatangkalan
lantis kabawa cihujan

rangrang karingrang murugulan
regang - regang kamelang maruragan
bedah marudah
séah mudalkeun sagara tugenah

nu nyampak...
ukur bangkarakna carita
nu nyésa...
ukur tapak - tapak katresna
bray kahéman
pray kaasih
cag tunggara
.......................