Sapeuting nu dipamrih
Pikeun nyarandékeun sakabéh peurih
Keur nyacapkeun sagala rasa nu nyampak
Nengtremkeun haté nupasiksak
Sapeuting nu dipundut
Sanggeus ngarandapan peuheurna hirup
Hayang ngarasakeun ayeum di simutan
Geusan ngarasakeun éndahna tilem palebah rangkulan
Sapeuting nu teu karandapan
Sapeuting nu moal kaanjangan deui
Jadi bukti cinta mana nujadi pangbalikkan
Jirim saha nu akhirna bakal maturan nepika pati
Teu kudu wakca
Léngkah nu beuki ngajauhan
Cicirén geus waktuna kuring bebenah
Cinta, cimata, jeung kanyataan
Atra nunjukkeun pilihanana
Cicéndo 290418