Minggu, 01 April 2018

ALUN - ALUN CINTA

Saumpama ombak jeung sagara
Motah tingjelegur neumbrag basisir
Silih anteuy paudag - udag
Satujuan
Kitu deui ayeuna,  haté kuring kalih salira
Rongkah mungkuh ngeleter
Nyulusup nyéboran harepan
Saimpian
Tuh angkot, ieu alun - alun, masigid jeung kasoméahanna
Ngabagéakeun léngkah duaan
Nyakseni dua jirim nu silih tungtun deudeuh
Ngotrétkeun karomantisan cinta urang
Natratkeun carita éndah nu kaanjangan
Sanajan sakapeung sok aya pacéngkadan
Akhirna " nya'ah nu maneuh "
Salilana ngahijikeun deui rasa nu saéstu

31/03/18
# nyangsaya dina taktak salira@angkot😚😘😍