Saumpama neuteup bulan
Nu medal pasosoré
Lalaunan mapaésan peuting
Kitu deui ieu rasa
Saukur galécok sajeroeun dada
Réhé teu dipaliré
Jempling
Saumpama misono bulan
Sorotna medar katengtreman
Méré katabahan
Jangji seja maturan jeung nyaangan
Ibarat rasa kangen ieu
Saukur tikaanggangan
Pamohalan amprok léléndéan
Saumpama micinta bulan
Saéstuna nu lian ogé sarua
Ngantos bulan héman marengan
Ah, geuning kuring ogé teu béda
Nu lian bisa pindah ka bulan
Sedeng kuring kur bisa neuteup tikajauhan
Saumpama,
Ehm,
Kuring lain hiji-hijina na nu mitresna bulan
Aaarrgghhh
Rék mopohokeun bulan
# nyimbutan jandela ku hordeng
Bandung 29/04/18