Satutasna hujan gede
Katumiri ngelir langit sore
Kaéndahan tinu maha kawasa
Natrat mapaés alam dunya
Kitu deui ieu haté
Tunggara nu karandapan
Kasilih rasa bagja
Keclak keclak cimata ayeuna
Ngaranggeuy du'a cinta pikeun duaan
Maskét nginghak palebah rangkulan
Satukangeun deudeuh jeung nyaah nu taya sudana
20/03/18