Tina juru panon, tingkareclak basa
Ngajadi tinta ngotrétkeun bait bait dareuda
Mangpirang - pirang lambaran ngaran anjeun ngabaris nyacas
Pamapaés ungkara nu méh konéas
Sajujurna, hayang mopohokeun sakabéh katideresa
Karasa baluas ibarat dahan nu penggas
Lir dangdaunan nu murugulan pias
Geus lila urang di dieu
Tapi kudu deui kitu cinta urang ngambah simpé?
Anjeun sadar teu?
Lamun haté teu bisa dicicingan dua cinta sakaligus?
Lamun geus sakuduna jadi kenangan kuring
Carita urang bakal salawasna dironceu dina léngkah - lengkah jempling ieu waruga
Salobana ranggeuyan doa cinta nu diucapkeun
Dina satiap rénghapan
Nepika ieu tatu cageur sorangan
Bral jungjunan
Imut jeung teuteup
Pangjajap weningna ieu rasa
Bagjana anjeun du'ana kuring
Nu salilana mikatresnan
Tikaanggangan
Garut 10/03/18