Senin, 28 Desember 2015

TRESNA TILEM ANGKARA

Saheunteuna
Ombak sagara nu ngagalura
Satia maseuhan basisir
Rongkah saban mangsa
Kitu ogè cinta kuring ka salira

Saheunteuna
Gunung nu ajeg kaliwatan
Mumunggang nu pernah kaanjangan
Hiliwir angin nu mèrè katingtriman
Pernah mapaèsan lèngkah duaan
Mangsa tilem dina rangkulan

Sakuduna
Hujan angin nu handaruan
Ca'ah ngagulidag lir angkara
Ngamalir saujratna lebah wahangan
Parat nepika sagara
Kitu deui rungkang antara urang duaan
Sakuduna palid ku katresna
Nu masih rohaka ngaguruh jero dada

28/12/2015

Selasa, 08 Desember 2015

MENGENALMU

Adalah kelincahan kekupu
Penghisap benang sari
Saat kembang mekar
Menyambut mentari
Di taman asri

Mengenalmu
Adalah kehausan musafir
Yang tersesat di gurun pasir
Saat kantung air terhempas angin berdesir

Mengenalmu
Adalah isyarat riwayat
Ketukan pintu bernama hati
Kupanggil berkali - kali

07/12/2015

Rabu, 02 Desember 2015

*** Duriat tanpa syarat ***

Sabab aya kalana
Bulan ngungun teu némbongan
Diiwat ku méga malang
Padahal hateup-hateup
Julang ngapak tagen neuteup
Sapeupeuting parat

Sabab aya kalana
Silantang datang sagebragan
Nyiram panonpoé di pakarangan
Padahal pucuk-pucuk kembang soré isuk
Ligar ngagémbang
Haté nu kusut

Sabab aya kalana
Jangji nu diwengku gurat waktu
ukur jadi layar hiji parahu
ngangkleung teu puguh nu dituju

Moal hariwang
Salila jaladri asih masih
Ngombak na haté anjeun
Mangka tilem cai kasedih
Lebur kapeurih

Salila ibun isuk gasik nangkeup
salembar daun
Salila cireumis maseuhan jukut rebun-rebun
Susut citangis...Sausap damis

Notéhatènudicatet AS 2015

Sabtu, 07 November 2015

" susuganan... "

Manawi,
Aya keneh galindeng asih.
Nu kamari ngaweuhan di saban juru hate.
Manawi,
Aya keneh langgam-langgam tresna.
Nu kamari mirig lengkah ngambah rasa.
Manawi,
Aya keneh harewos sono,
Nu kamari nyangsang dina lamping-lamping deudeuh.

Manawi, panutan...
Masih aya semplekan kanyaah,
Pacampur bubuk kamelang,
Kanggo diri anu midangdam.
Rasa salira.

#copas

Selasa, 03 November 2015

=== kota Cinta ===

Kaliwatan deui...
Kota nu ngotrètkeun cinta...
Carita nu mapaèsan kaèndahan taman hatè kuring salila ieu...
Rasa nu anteb mèrè jangji kabagjaan... Reujeung anjeun ngotrétkeun sakabèh harepan...
Geusan tèangeun mangsa jaga

Endahna... Masih karasa ngalangkangan

Bagjana... Masih napel na ingetan...
Ehm...

Kota cinta...
kota nu salawasna boga tempat teristimewa dina jero dada...
Salamina nalikung tresna...

Ukur ngarahuh
Mangsa girimis mairan palebah juru mata
Atra...
Cinta jeung carita motah dina jero dada....

Kamis, 29 Oktober 2015

???

Teu wasa kedah cumarita
Teu kiat kedah wakca
Sakabèh nu ngaguruh jero dada
Mung saukur tiasa bedah cimata
Kuring " deudeuh salamina"
Ka salira...

Selasa, 27 Oktober 2015

=== Naha... ===

Naha kudu rongkah kabendu
Padahal kuring satuhu

Naha masih aya cangcaya
Padahal cinta kuring lir sagara
Awor ngagalura
Lèbèr lir ombak maseuhan pantaina

Naha teu kariksa
Sakitu satia kuring miragasukma

Naha teu di sabaran
Sakabèh cinta kuring ukur kanggo salira

Kudu kumaha deui lumampah
Kudu kamana mawa ieu cèda

Diri karam di dasaring leuwi peurah
Alatan cinta nu kasilih amarah

Nahaaaa....!!!

Sabtu, 24 Oktober 2015

=== cileunyi nyaksèni ===

Peuting harita...
Mangsa girimis maseuhan tangtung
Maturan tagiwurna rasa
Nganti jirim nu ngajak patepung
Palebah rs Amc nu jadi saksi
Ti dinya mimitina urang silih pikawanoh
Silih tembrakeun kahayang nepika kiwari
Tuh selter tol
Tah masjid nu nyakseni
Ieu rasa nu masih sarua
Ngaguruh satiap ngaliwatan jalan ieu
Jalan nu jadi turus cinta urang ligar kembangan
Nepika kiwari...

Minggu, 11 Oktober 2015

*** status terakhir ***

Ups... Status terakhir karena kuotanya habissss.... Hahaaa

Kanggo anjeun...
Antos kuring di mumunggang cinta urang nu sasari
Antos kuring " pantes " kanggo salira
Antos kuring mun bener cinta anjeun ukur keur kuring salilana
Antos kuring... Jejeg ajeg migaduh kahirupan...
Urang buktikeun ay...
Cinta kuring lain dasaring dunya
Urang buktikeun ay...
Kuring bisa nèangan banda
Sanajan ukur sacukupna raga
Antosan nya bageuurrr...

*** keun baè ***

Ngalèngkah...
Nyipta harepan nu pernah jadi impian
Nyorangan... Tampa tèma nu ha'at mèrè katingtriman

Katampi...
Ucap lan polah nu teu merenah ti salira
Urang jadikeun peurah pikeun pangwarah rasa
Yèn cinta kuring nu salila ieu miragasukma
Teu leubih ku sérabna dunya

Keun baè...
Sakuatna nyarita teu rumasa
Saharusna kuring wakca
Cinta kuring saweningna mèga
Anjeun tetep cangcaya

Tingalikeun...
Nepika mana kuring nyipta bagja sorangan
Sanajan dipirig ku peurihna kahirupan
Sanaos dipapaès ku kanyeri ti gamparan
Kuring bakal tetep nyipta kahirupan
Keur kuring sorangan

*** naha ***

Nitènan jirim nungait dina dasaring  ati...
Nyata dipikacinta saweningna asih
Tampa tinimbangan carita heubeulna
Tampa ningali loba hartana...
Cinta kuring datang tidasaring rasa
Asih kuring sumanding tina umpalan
Umpalan sabodasna mèga...
Nu miharep kasaèan kapayunna
Naha...?
Diri taya hargana
Taya pisan tapak katresna
Nu karasa ku salira

Sabtu, 10 Oktober 2015

*** rumasa ***

Ngarangrangan daun harepan
Ngolèang katebak angin janari
Ngaruntagkeun pucuk - pucuk impènan
Nu salila ieu jadi ageman diri
Geus waktuna merenahan rasa
Geus mangsana nyaatan cimata
Ku tèkad anu panceg
Ikhtiar sanajan raranggieungan
Leukeun sanajan pait peuheur karandapan
Jaga jaganing jaga...
Kuciwa jeung cimata
Ucap lan polah tugenah nu ka tarima
Ngan saukur runtah nu jadi peurah
Jadi pangwarah diri
Ngarah diri ba'al kanyeri
Mecutan rasa pikeun nyipta bagja
Kukarumasaan sorangan

*** teu wasa ***

Neuteup jalan panghareupan
Nu ngembat pikeun papaykeuneun
Naha bet honcèwang...?
Neuleuman gerentes ati
Nu habeun ngaharèwosan
Naha bet karasa nyeuitan...?
Nasib diri bagja awak
Ngahinisan sapanjang rènghapan
Nyanyautan satungtung kasadaran
Na kasaha...
Na kamana...
Na dimana...
Kedal carita geusan mahèkeun bangbaluh
Nu nyata miguran rahuh

Kamis, 03 September 2015

=== sadrah ===

Geus mangsana...
Lilir tina sagala impian èndah
Hudang tina sakabèh pangbibita megah

Geus waktuna...
Beunta mikirkeun lampah
Ikhtiar geusan hirup nu baris kahareupan

Mugia kuring masih bisa ajeg
Pikeun ngaranggeum sakeupeul kahayang
Sanajan diri ngarasa nunggeulis

Jumarigjeug...
Cimata bedah marudah
Lantis nyaeuran manah
Deudeuh teuing...
Nasib diri... Bagja awak
Nandangan kapeurih nu ngabayabah
Hiks... Hiks... Hiks
Geus mangsana...
Geus waktuna...
Gustiiii.... Rangkul diri ieu
Pasihan kakiatan
Paparin diri ku mangpirang - pirang kajembaran...

Rabu, 02 September 2015

=== Cimata Bagja ===

Keclakna cimata...
Nu nyaritakeun bagjana rasa
Mangsa urang silih tamplokkeun tresna
Waktu urang silih budalkeun cinta
Nyata... Nyimutan rohangan raga
Teuteup anteb
Gelenyu imut
Ranggem pageuh rema - rema
Rangkul geugeut
Wawakil rasa nu panceg
Salira nu ngagaduhan ieu cinta
Salira bagja kuring nu saèstu
Nu di puja di dama - dama
Nu di jaga di pusti - pusti
Palidna cimata...
Mapaèsan peuting urang
Ieu cimata cinta... Ieu cimata tresna
Ieu rindat bagja... Nu ngamalir nyèboran taman sukma
Nu mèpèndè guligahna sukma
Nu jadi kembang impènan
Mangsa diri lilir palebah rangkulan
Anjeun... Nyata aya gigireun

=== wilujeng Milad jungjunan ===

Saranggeuy du'a
Nu ngagerentes palebah cimata
Mugia dipanjangkeun yuswa
Mugia di paparin sehat sukma tur waruga
Mugia bagja kaangjangan salamina
Ginulur karahayuan
Ginanjar kawilujengan my kadeudeuh
My kanyaah...
Mugia...

Jumat, 07 Agustus 2015

=== ngangres ===

Neuteup beungeut peuting
nèangan kiceup bèntang nu biasa maturan
nyaliksik langit nyiar katengtreman nu sasari nyimutan
lebeng....taya tangara nèmbongan
naon leupatna
dimana salahna
diri nalungtik gerentes diri
naha aya rohangan hatè nu robah?
apan atra cinta manteng ka salira
geugeut hèman ngan kanggo salira
hariring asih sumanding ngan ukur keur salira...
teu rumasa boga polah laknat
komo deui ngakhianat
Èstu diri apik mupusti rasa
ngamumulè geter tresna
ngarah mabra salawasna
peuting nu nalangsa...
simpé nu tunggara
kuring kasiksa ...

Selasa, 04 Agustus 2015

_____ pajaratan tresna _____

Nitènan...
palebah layung sorè nu mayungan
wanci beurang kasilih peuting
mangsa srangèngè sumurup
nyata lugay di pangbalikan
Èndah...
sumarambah kana bayah
ngèlèkètèk manah
Èstu rasa pinuh ku kabungah
ngolèséd...
muru jandéla
neuteup girimis  nu ngagenclang dina dadaunan
patinggurilap kasorot matapoè
mungguh hatè pinuh ku rasa tengtrem
Èndahna sorè ieu
sarua jeung bungahna hatè kuring
nya di dieu...
pajaratan cinta kuring nu saéstu

Nu Aing 010815

Senin, 03 Agustus 2015

=== cinta di Argapuri ===

Baheula...
Reujeung ayeuna...
Imut na masih nu sasari
Teuteupna nyata masih bihari
Ehm... Cinta
Mapaesan langit arga
Atra dina ranggeuman tresna
Natrat dina rangkulan bagja
Wilujeng milangkara ....

Minggu, 02 Agustus 2015

===== 1th aniversary =====

Nitenan wanci
Tuh srangèngè...
Nu satia marengan poè
Tuh angin...
Nu ngahiliwirkeun rasa ayem
Mapaèsan èndahna poé harita
Èstu  èndahna saperti poè ayeuna
Ehm....
Milangkara pasini dua rasa
Seja ngahiji salamina
Pikeun ngaronce bagja
Nu jadi harepan
Geusan nyangreud tresna
Nu sumanding dina dada
Geusan silih simbeuh kadeudeuh
Dina sagara geugeut nu maneuh
Èndahna carita urang
Natrat di situ patenggang
Ach cinta...
Mugia bagja salawasna sapaneja

Label_Nu Aing 010815

Rabu, 08 Juli 2015

===== sugema =====

Girimis ngeclak palebah juru mata
Ngalémbèréh mapay pipi
Beueus... Minuhan lolongkrang rasa
Mèrè tentrem leuwi ati
Nyata...
Ieu cimata bagja
Gambaran rasa sugema
Nu nyaliara marengan ketugna dada
Haté kebek ku rasa tresna
Mangsa kedalna ungkara basa
Cinta anjeun saumpama agama
Nu jadi ageman geusan ngahontal ridho Manten_Na
Sabaran... Leukeunan... Ikhtiaran!
Cinta anjeun saèstuna cintana umat ka nu nyiptakeunnana
Sagalana di niatan ibadah
Ngarah geunah tur barokah
Mugia...

Minggu, 05 Juli 2015

===== Anjeun =====

Hiji ngaran...
Di ukir di antara garis - garis syair
Diartikeun dina sabaris aksara
Terus di kotrètkeun kana langit - langit jiwa
Ambéh natrat salilana
Dina amparan basa
Pagaliwota jeung tapak - tapak sukma
Keur hiji ngaran...
Kuring meredih widi
Pikeun nuliskeun carita urang, anu mahat dina kenangan jeung ingetan
Carita mangsa hujan mapaèsan layung muru simpèna peuting
Carita harèwosna angin dina haneutna geter katresna nu karandapan
Carita ci ibun nu masieup lalampahan urang muru kabagjaan
Pikeun hiji ngaran...
Cinta urang salawasna ligar kembangan
Moal la'as katandasa jaman

Label_Nu Aing

Senin, 22 Juni 2015

===== apal teu? =====

Anjeun apal rasana?
lamun hatè nyeri terus  anjeun hayang ngarangkul jirimna?
sanajan saukur kalangkang
èta rasa sono!
saumpama rènghap karasa nyesek
dada asa hayang bitu
nahan rasa nu ngaguruh
sanajan ngan saukur dina implengan
anjeun hayang ngarampa rèma2na
keur saukur mèrè kakuatan
èta ngaranna sono!
kalan2 juru panon juuh ku cimata
gambaran pagaliwotana rasa dina dada
rasana mingkin rohaka ngaraksuk mingkin nyiksa
anjeun apal panutan
èta rasa nu teu bisa di bèbènjo
rasa nu di ngaranan sono
sono kuring ka anjeun....

Minggu, 21 Juni 2015

===== Satia salamina =====

Anjeun....
bagèan carita
nu ngajadikeun layung pasosorè leuwih èndah...
nu maturan peuting kuring pinuh ku kabungah...
marengan ngèntèpan rasa kasono kuring sapanjang peuting...
diselipkeun diantara èndahna impènan
miharep poè isuk mawa talatah ka panutan...
kuring di dieu salawasna nganti pinuh kasatiaan...

Ugihluvjatnika

===== Bèntang =====

wilujeng wengi bèntang...
kalembutan anjeun nyimutan peuting ku ketipna...
ngawurkeun cahaya di kayemengna jiwa
hoyong pisan ngarangkul anjeun palebah sono...
haneut cahayana
lalaunan ngaharèwoskeun rènghap salira...
nu ngembun dina kaca impènan

ehm....
salira bèntang kuring !!!

Ugihlovejatnika

Senin, 08 Juni 2015

===== sono =====

Peuting anu simpè
Harèwoskeun ka bèbèndè
Kadeudeuhna salawasna mèpèndè
Pangnepikeun ka panutan
Kahèmanna salawasna nyimutan

Peuting anu jempling
Hariringkeun tresna kuring
Nu teu weléh ngadalingding
Dina manah salawasna mièling
Cinta urang salamina nyanding

Ugihluvjatnika

Sabtu, 23 Mei 2015

===== do'a Cinta =====

Gapura cinta nu ajeg panceg dina hatè
Nanjeur pulas kayas
Dipapaès danding katresna
Di wiruan ku pucuk - pucuk kahèman
Nu teu welèh ligar karembangan
Di siraman ibun kadeudeuh urang
Nu salawasna ngenyas dina landeuh kacinta...
Cinta urang hamo luntur
Sanajan dodoja ngahèroan
Asih urang salawasna natrat
Sanajan godaan ngalangkangan

Label Nu_Aing

===== Dua saati =====

Taya kahariwang
Dina sorot paneuteupna
Dina gelenyu imutna
Estu tengtrem nyaeuran bilik kasono...
Nya salira matapoè kuring
Nu ngahaneutan beurang kuring
Nya salira bulan kuring
Nu nyaangan peuting kuring
Pikeun pangaping simpèna hatè  kuring ....

#label Nu_Aing

=== Ngarakacak ===

Peuting tadi...
Ngotrèt sajak tawis rasa
Pikeun wanci urang biasa patepang
Tengger nu mapaès blog kuring
Mangsa urang ngaranggeuy carita
Nu cek urangmah "èndah taya papadana"
Ngarah jadi tutungkusan mangsa
Pikeun sampeureun mangsa tibelat
Wanci jaga urang mukaan album cinta urang...
Hanjakal...harepan ngan saukur kalangkang
Nu paburantak dina lolongkrang cimata...

===== Bungah =====

Bungangang...
Mangsa janari miang kaganti beurang
Palebah srangèngè
Aya ketip - ketip kasono nu teu bisa di bèbènjo
Aya pucuk - pucuk katresna nu nganti di siraman
Nunggu pinuh ku surti
Teuteupna awor gumati
Poè ieu...
Urang baris tepung nyacapkeun sagala rasa cinta
Yap kadieu panutan...
Rangkul pageuh jirim kuring
Talikung ku areuy katresna salira....

===== argapuri =====

Nyangsaya dina tepas hatè
Ngareungeukeun gerentesna rasa
Nyawang carita wanci pasosorè
Malipir muru tutungkusan cinta
Nu di piguraan dina album katresna...
Antarè
Ngajèngjèhè
Ngararasakeun èndahna cinta
Lir dipèpèndè
Diri nyarandè dian rèma - rèma kahèman salira
Mungguh bagja...
Cinta nu ngagalura salawasna baris di mumulè
Kanggo salira nu jadi bèbèndè....

@Argapuri_dua saati

Kamis, 23 April 2015

=== ukur Anjeun ===

Bagèa cinta...
Anjeun datang mawa kaéndahan
Ngotrètkeun pasini geusan mapag kabagjaan
Nu jadi tamperan harepan

Bagèa panutan...
Cinta anjeun mungguh motahkeun ketug jajantung
Gumuruh dina rasa kuring nu ngagalura
Mapaèsan sagara hatè
Nu atra ngagulidagkeun tresna

Bagèa beulahan jiwa...
Anjeun ngan hiji jirim nu ku kuring di picinta
Nu dianti geusan ngangkir ieu rasa
Anjeun srangenge nu nyaangan ieu raga
Anjeun purnama nu salawasna di puja
Pikeun mapaèsan lèngkah kuring
Kiwari tug dugika bihari

Ukur anjeun....iwal anjeun
Nu ngagaduhan ieu tresna....

@ Label_Nu Aing
     Deudeuh salamina

Senin, 06 April 2015

~~~> cimata peuting tadi <~~~

Sapanjang jalan nu biasa di liwatan
Kereteg sagala rasa marengan
Kalan sugema boh rasa nu ngarangrangan
Mancawura dina èmutan
Nyaba peuting nu kaunggahan
Mapag simpè nu mapaèsan
Satia marengan lèngkah geusan mulang ka sarakan
Langit...
Bulan nu nyumput satukangeun mega hideung...
Angin nu ngahiliwirkeun kaketir...
Tigin nyimutan katideresa
Mungguh diri teu aya daya
Malidkeun rasa kuciwa
Ngananaha diri
Nyata satia taya hargana
Katandasa rasa cangcaya
Cag cimata...
Urang tilemkeun dina kasadrahan

@ Label_Nu Aing

Rabu, 11 Maret 2015

~~~> rumasa <~~~

Ach...
rumasa nguciwakeun salira
nitip raheut dina tutungkusan basa
kumaha meper bendu salira
nu geus nyata mèré cidra
bati tumungkul...
nyegruk...
rambisak...
hampura ...
kuring angkara karena rasa cinta
nu rongkah tan wates wangenna
ukur ka salira

panutan....
rèma - réma kasono
karasa ngadodoho
moal bisa Θï bobodo
sanajan wanci ngotrètkeun égo
kiceup kuring masih nu bihari
teuteup kuring masih nu sasari
nu nganti pasini
dugika kiwari.........

Label Nu Aing _ deudeuh salamina

Jumat, 20 Februari 2015

~~~ gerentes palebah rangkulan ~~~

Poè kamari....
aya imut anu asri
aya dilak nu matak nyari
basa pataréma dua rasa
lebah teuteup nu cumarita
anteb maheutkeun cinta

poè kamari.....
duaan nitip rasa kadeudeuh ka bulan
mihapè geugeut kameumeut ka bèntang
keur sampeureun mangsa nganjang deui

poé kamari....
aya geuleunyu kareueut ti salira
gumay tresna mulas kahéman
salira jangji salawasna mitresna
ngalèng lèngkah muru bagja

poè kamari...
ngararasakeun rohakana cinta
nu ngabebela dina pipir rasa
Èstu nyata sugema

poè kamari...
ayeuna...
dugika saterasna
cinta kuring ukur salira

Santi S. Natawiriya
label _ Nu Aing180215

Kamis, 05 Februari 2015

____ panceg ____

Palebah sawangan...
lambaran lalakon narémbongan
ngalangkangan
atra nagrobèda pangkeng harepan

palebah lamunan....
aya haleuang kasmaran
nyampak hariring kahéman
nu mancawura satukangeun galindengna rasa
ngamuara jeroning dada

palebah implengan...
haté tigin geusan satia
panceg pikeun nganti salira
nu baris maheutkeun pasini
matri dua ati ngajadi hiji
nyipta lengkah nu pinasti

By : Santi S. Natawiriya
Deudeuh_salamina

Rabu, 28 Januari 2015

___ cinta nu saèstu ___

Nyampak rasa nu peurih
mangsa cangcaya ngabintih
nyaeuran hatè nu bersih
ku cimata jeung kapeurih

keun baè...
moal ngèlèhan tinu prasangka
da boga tingkah teu rumasa
teu pisan nyieun codèka
sumawonna ngakhianat cinta

keun baé...
cinta kuring mah tohaga
moal sirna sanajan loba anteuyan cimata

keun baè...
tresna kuring mah rohaka
moal la'as sanajan loba  dodoja

keun baè...
asih kuring mah wening ti dasarin sukma
mo'al cidra sanajan ka silih mangsa

keun baè...

@deudeuh_salamina
    Santi S Natawiriya

Sabtu, 17 Januari 2015

_____ Egrenter Cinta _____


milang titimangsa nu sasari
ngitung léngkah wanci nganti pasini
aya geleter nungalura jero dada
ngabayabah mapay tungtung sukma
treup paneuteup euntreup
ka hiji jirim nu di anti
sorotna anteub
raray marahmay pinuh kasono
nyumiratkeun guligahna rasa
dua panangan patarèma
rangkulan pageuh ngawakilan basa
taya nu cumarita
taya nu balaka
ukur cimata nu wakca
ngabudalkeun kasono nu rohaka
ngebrehkeun tresna nu atra
nyaliara katukangeun galindengna dada...

Nu_Aing
Deudeuh_salamina

Senin, 12 Januari 2015

Ya tibia lubyu

Neuteup lalangit....
raray salira kagambar pulas bulao
tawis asih na weningna ati
nu wiati saban wanci
kuwung kuwung kasono
dibeungkeut ku simpay kaheman
miguraan tresna salira
nu kagambar dina salumar kamelang nganti pasini

Neuteup lalangit...
geter kacinta mingkin gumiwang
nyumiratkeun cahya harepan
lir srangenge nu satia nyaangan beurang

neuteup lalangit...
ngaraksa sagala rasa
mupusti weningna asih
sangkan bagja kapetik dina mangsa na...

Nu_aing
Deudeuh salamina

Senin, 05 Januari 2015

___ sono ___

Mapay pasir dina liuh - liuh kasono
marengan diri ngarajut katresna
ret imutna anjeun
mawa kabagjaan diri

dina lamping duriat
kuring neuteup anjeun
dibarengan ku hiliwirna angin
nu mawa beundeulan carita

duriat nu geus nganteng
dipapaes ku gupayna camara
tah ieu kuring mancegkeun rasa
nu nyaliara dina jeroeun dada

~ ehm sono ~

# Santi S. Natawiriya
    DeudeuhSalamina

Minggu, 04 Januari 2015

___ nganti harepan endah ___

Miripisna girimis pasosore
lalaunan ninggalkeun keclakna dina pucuk dadaunan
nagrecclakan...
tinggurilap...
mupus tapak - tapak wanci
ach piraku...
harepan kabablasan
ngan saukur impian nu baris miang
nyesakeun kawaas nu ngagenclang dina ci ibun
kahayang diri...anjeun ngajadi lantera
nu nya'angan mangsa bulan taya nembongan
kahayang diri...anjeun jadi tempat pamuntangan, wanci hate kuring ngarangrangan
babarengan nganti lengkah nu pinasti
ti sanghyang wanci.....

Santi S. Natawiriya
Nganti....

~~~> album cinta <~~~

Nitenan potret diri
mangsa carita ngajadi album
dina tutungkusan rasa
di piguraan ku rasa cintaa
nu ngabakutet cimata
mungguh awor ku keclak bagja
potret demi potret
ngajadi gambaran carita urang duaan
dina lengkah lengkah nu natrat
ngaranggeuy impenan ngajadi nyata
miharep bagja muru laksana
ay......abdi cinta ka salira___

Santi S. Natawiriya
DeudeuhSalamina