Taya kahariwang
Dina sorot paneuteupna
Dina gelenyu imutna
Estu tengtrem nyaeuran bilik kasono...
Nya salira matapoè kuring
Nu ngahaneutan beurang kuring
Nya salira bulan kuring
Nu nyaangan peuting kuring
Pikeun pangaping simpèna hatè kuring ....
#label Nu_Aing