Marengan lèngkah
Nyorang jalan - jalan nu sasari
Teu kendat cimata murubut
Ngabudalkeun sakotrét kuciwa
Inghak nu ngageuri....
Ngaremkeun sagala harepan
Malidkeun impènan èndahna cinta
Rumasa...
Diri pinuh ku cèda
Rumasa...
Teu ngaji diri
Kabagjaan hamo kapimilik
Da diri guyang kahina
Penggas sakabèh impian
Leungit sagala harepan
Cag...
Kuring indit lain sulaya
Tapi inggis nguciwakeun
Kuring ingkah lain baha
Tapi sieun guyang cimata deui
Bral panutan....
Mugia salira aya dina kabagjaan
Salawasna...
Sabtu, 23 Agustus 2014
Ingkah
Jumat, 22 Agustus 2014
Wilujeng _____
Titimangsa nu kamari kasungsi
Narèmbongan lir siluet hideung
Ngalangkangan...
Ngajebèngan...
Ngabibisani jiga nu ngananaha
Mangsa urang patepang
Wanci urang silih tamplokkeun kahayang
Mapaés èndahna impénan
Natrat ngarobéda jero dada
Kanyeri...
Kapeurih...
Cimata...
Kuciwa...
Bacakar pacampur jeung pamrih
Kahayang mah...
Ayeuna ukur ngararasakeun manisnya cinta
Kantun mapay legitna bagja
Duaan silih patarèma rasa
Dina galura katresna
Nu jadi impènan kuring, kalih salira
@ Nu Aing _ b'day c ayank
Jandèla rasa
Kiceup bèntang wengi tadi
Lir ngawakilan guligahna ati
Wanci pageuhna rangkulan dua diri
Maheutkeun pasini nu kungsi matri
Aya kahèman nu mèpèndè rasa
Aya katresna nu nyimbutan raga
Nyaliara ngagedur nyieuhkeun supata
Keclak ciibun sèsa janari
Ngamalir ngaremkeun sagala kuciwa
Mapay sumiratna giwangkara
Ngaranggeuy warna - warni cimata bagja
Ngaronceu harepan weningna cinta
Harita....
Palebah lolongkrang Argapuri
@ Argapuri Vilaz, 23.24.25 agustus 2014