Selasa, 22 Maret 2016

NGANTI SRANGÉNGÈ KURING

Keclak - keclak dareuda
Ngalèmbèrèh mapay rasa
Ngamalir nyieuhkeun sagala kuciwa
Naha masih aya rasa cinta?
Nu di pupusti di dama - dama
Sangkan natrat salawasna
Naha masih aya bagja?
Pikeun sampeureun urang jaga

Inghak nu minuhan jiwa
Nu'uskeun sakabèh cidra
Lebah mana lepatna?
Rohangan mana nu teu kabagéan cinta?
Lamun cangcaya masih miraga sukma

Cinta kuring rohaka
Cinta kuring nyata
Cinta kuring moal ka tandasa gogoda
Sanajan kapeurih kalan karasa

Peuting ieu
Pinuh ku rasa rumasa
Di pairan potrèt - potrèt carita èndah urang duaan
Di pépèndè ku hariring nu maneuh maturan lèngkah urang 
Kuring tilem diantara keclak - keclak kahayang
Miharep isuk srangèngé kuring
Ngahudangkeun pinuh ku rasa kacintana
Saperti biasana

Minggu, 13 Maret 2016

SATIA

SATIA

Gumuruh ombak nu satia ka sagara
Paanteuy - anteuy mapay basisir
Motah silih udag
Kitu deui ieu rasa cinta
Anteng ngèntèpan impènan nu ngamalir
Nyeboran pasini pikeun papageun

Gunung - gunung ngapak
Tagen. Mumunggang lan wahangan atra mapaèsan
Leuweung rembet tatangkalan sakuriling bungking
Kitu deui ieu cinta nu nyampak
Nyaeuran hate nu kebek ku rasa kangen
Keun bae, weningna katresna salamina sumanding
Keur anjeun, ukur anjeun

Nu _aing 13/02/2016

Selasa, 01 Maret 2016

GIRIMIS HAREPAN

Girimis pasosoré
Nyankrung dina dadaunan
Keclakna tingtrim nyeboran
Kitu deui ieu harepan
Ligar dipatamanan haté

Kamalir cihujan
Ngagulidag mapay wahangan
Antaré parat ka sagara
Lir ieu impénan
Mapaés peuting nu kaanjangan
Ngagurat imut mangsa lugay tina pangsaréan

Impian kuring jadi catetan
Natrat dina lambaran émutan
Jaga jaganing jaga
Kabagjaan bakal karandapan
Keur kuring jeung salira

29/02/2016