Jumat, 23 Desember 2016

UKUR ANJEUN, ANJEUN DEUI,SALAMINA

UKUR ANJEUN, ANJEUN DEUI, SALAMINA

Cinta anjeun tutungkusan hatè kuring
Lir sagara èndah mapaèsan alam dunya

Cinta kuring ka anjeun hamo la'as
Bakal tetep mulas ngayas

Cinta kuring sapaparat nyawa
Marengan tiap rènghapan nepika palastra

Deukeut anjeun salilana sugema
Sagigireun anjeun aya impian
Nu kudu ngajadi nyata

Anjeun ukur anjeun
Bisa jadi cimatana haté kuring
Anjeun  oge ngawujud bungahna  hirup kuring
Nu salawasna nyanding
Ah anjeun teh sagalana  ning!

22/12/16
Santi S.Jatnika

Minggu, 18 Desember 2016

MACANGKRAMA CINTA

MACANGKRAMA CINTA

Beungeut peuting
Diharuduman langit lènglang
Dioconan  bulan jenug bèntang
Tingkariceup mapaèsan
Ibarat urang
Macangkrama dina simut basa
Silih rangkul sosonoan
Anteng namplokeun galindeng  cinta
Nunyaeuran pangkèng  kahèman

Angin peuting ngadalingding
Dangdaunan pating arulang
Lebah girimis nungeclakeun ciibun
Lir urang
Anteng namplokeun galindeng
Harepan  pinuh kahayang
Macangkrama dina tungtung impènan
Paheut palebah rangkulan

Ah bagja, Mugia sapaneja
Kalih salira nu jadi tamperan rasa

Santi S.Jatnika
18/12/16

Senin, 05 September 2016

KETUG SEPTEMBER

kuring sono langit september dina soca salira, diantara mumunggang pasir nu linduh, hiliwir angin nyieuhkeun bangbaluh, dina keleter ratug rangkulan.

Mapay - mapay galengan sawah, silih udag silih baledog imut, balabuh dina gentra katresna, nyangsaya dina ipukan rasa, nu ngèmploh hèjo ting arulang ngagupayan.

kuring èlèh, èlèh deui, ku teuteup anjeun nu panah, tumungkul, neutep indung suku nu baseuh kacèprètan cai wahangan, ah baseuh!
Sabaseuh kasono nu ngagulidag di bulan september, diantara baris potrèt arga.

#welcome September
‌05/09/16

Rabu, 13 Juli 2016

I LOVE U

Ibarat peuting jeung simpèna
Mapaèsan wanci nu ka anjangan
Kitu deui rasa kuring
Tingtrim, neuteup jirim
Nujadi tilam kaèling

Ibarat bulan jeung cahayana
Èndah mapaèsan langit kuring
Mangsa hatè galècok pinuh katresna
Anjeun,  bèntang nu satia nyanding

Saumpana mata poè
Tigin nyaangan alam dunya
Mèrè cicirèn mangsa beurang nepungan
Kitu deui cinta anjeun
Satia ngahaneutan lolongkrang rasa
Nyumangetan lèngkah
Pikeun babarengan ngahontal impian

Aaaacch anjeun
Tutungkusan kalbu, 
Nu bakal salawasna jadi candu
Kabagjaan kuring nu saèstu
I love u

13/07/2016

Selasa, 05 Juli 2016

APAL TEU?

Anjeun apal?
Gumulung kasono nungaguruh jero dada
Sakuduna geus nepi ka salira
Nompokeun kereteg cinta
Nu ngagalura minuhan rasa
Apal teu?

04/07/16
# deudeuh salamina

Minggu, 19 Juni 2016

SONO

Aya nunepi lalaunan
Numaksa kuring muja rasa sono
Palebah hiliwir angin,  nungaharèwoskeun deui
Anjeun!
Gelenyu imut
Teuteup anteb
Capètang jeung deudeuhna
Ngagalaksak minuhan rohangan ingetan
Bedas ngagalura jero dada
Ècès dina tiap rènghapan
Rasana,  kuring hayang peuting ieu
Tilem dina rangkulannana

# wilujeng buka My Kadeudeuh
18 : 04
19/06/2016

Minggu, 08 Mei 2016

BÈNTANG KURING

Kuring masih di dieu panutan 
Neuteup anteb bèntang
Baranang mapaès langit kuring
Milang kasono ngitung karingrang
Tingkaretip tingborèlak
Matak nyeblak

Kuring teu kamamana junjunan
Satia maturan bèntang
Nu biasa maturan urang
Nyaksèni jangji
Dua ati

Kuring moal ngejat kakasih
Lir kuku nu dipotong, panjang deui panjang deui
Kitu deui ieu rasa kasono
Sirungan deui, ligar deui

# nganti 170416

Selasa, 22 Maret 2016

NGANTI SRANGÉNGÈ KURING

Keclak - keclak dareuda
Ngalèmbèrèh mapay rasa
Ngamalir nyieuhkeun sagala kuciwa
Naha masih aya rasa cinta?
Nu di pupusti di dama - dama
Sangkan natrat salawasna
Naha masih aya bagja?
Pikeun sampeureun urang jaga

Inghak nu minuhan jiwa
Nu'uskeun sakabèh cidra
Lebah mana lepatna?
Rohangan mana nu teu kabagéan cinta?
Lamun cangcaya masih miraga sukma

Cinta kuring rohaka
Cinta kuring nyata
Cinta kuring moal ka tandasa gogoda
Sanajan kapeurih kalan karasa

Peuting ieu
Pinuh ku rasa rumasa
Di pairan potrèt - potrèt carita èndah urang duaan
Di pépèndè ku hariring nu maneuh maturan lèngkah urang 
Kuring tilem diantara keclak - keclak kahayang
Miharep isuk srangèngé kuring
Ngahudangkeun pinuh ku rasa kacintana
Saperti biasana

Minggu, 13 Maret 2016

SATIA

SATIA

Gumuruh ombak nu satia ka sagara
Paanteuy - anteuy mapay basisir
Motah silih udag
Kitu deui ieu rasa cinta
Anteng ngèntèpan impènan nu ngamalir
Nyeboran pasini pikeun papageun

Gunung - gunung ngapak
Tagen. Mumunggang lan wahangan atra mapaèsan
Leuweung rembet tatangkalan sakuriling bungking
Kitu deui ieu cinta nu nyampak
Nyaeuran hate nu kebek ku rasa kangen
Keun bae, weningna katresna salamina sumanding
Keur anjeun, ukur anjeun

Nu _aing 13/02/2016

Selasa, 01 Maret 2016

GIRIMIS HAREPAN

Girimis pasosoré
Nyankrung dina dadaunan
Keclakna tingtrim nyeboran
Kitu deui ieu harepan
Ligar dipatamanan haté

Kamalir cihujan
Ngagulidag mapay wahangan
Antaré parat ka sagara
Lir ieu impénan
Mapaés peuting nu kaanjangan
Ngagurat imut mangsa lugay tina pangsaréan

Impian kuring jadi catetan
Natrat dina lambaran émutan
Jaga jaganing jaga
Kabagjaan bakal karandapan
Keur kuring jeung salira

29/02/2016