Neuteup beungeut peuting
nèangan kiceup bèntang nu biasa maturan
nyaliksik langit nyiar katengtreman nu sasari nyimutan
lebeng....taya tangara nèmbongan
naon leupatna
dimana salahna
diri nalungtik gerentes diri
naha aya rohangan hatè nu robah?
apan atra cinta manteng ka salira
geugeut hèman ngan kanggo salira
hariring asih sumanding ngan ukur keur salira...
teu rumasa boga polah laknat
komo deui ngakhianat
Èstu diri apik mupusti rasa
ngamumulè geter tresna
ngarah mabra salawasna
peuting nu nalangsa...
simpé nu tunggara
kuring kasiksa ...
Jumat, 07 Agustus 2015
=== ngangres ===
Selasa, 04 Agustus 2015
_____ pajaratan tresna _____
Nitènan...
palebah layung sorè nu mayungan
wanci beurang kasilih peuting
mangsa srangèngè sumurup
nyata lugay di pangbalikan
Èndah...
sumarambah kana bayah
ngèlèkètèk manah
Èstu rasa pinuh ku kabungah
ngolèséd...
muru jandéla
neuteup girimis nu ngagenclang dina dadaunan
patinggurilap kasorot matapoè
mungguh hatè pinuh ku rasa tengtrem
Èndahna sorè ieu
sarua jeung bungahna hatè kuring
nya di dieu...
pajaratan cinta kuring nu saéstu
Nu Aing 010815
Senin, 03 Agustus 2015
=== cinta di Argapuri ===
Baheula...
Reujeung ayeuna...
Imut na masih nu sasari
Teuteupna nyata masih bihari
Ehm... Cinta
Mapaesan langit arga
Atra dina ranggeuman tresna
Natrat dina rangkulan bagja
Wilujeng milangkara ....
Minggu, 02 Agustus 2015
===== 1th aniversary =====
Nitenan wanci
Tuh srangèngè...
Nu satia marengan poè
Tuh angin...
Nu ngahiliwirkeun rasa ayem
Mapaèsan èndahna poé harita
Èstu èndahna saperti poè ayeuna
Ehm....
Milangkara pasini dua rasa
Seja ngahiji salamina
Pikeun ngaronce bagja
Nu jadi harepan
Geusan nyangreud tresna
Nu sumanding dina dada
Geusan silih simbeuh kadeudeuh
Dina sagara geugeut nu maneuh
Èndahna carita urang
Natrat di situ patenggang
Ach cinta...
Mugia bagja salawasna sapaneja
Label_Nu Aing 010815