Sabtu, 23 Mei 2015

===== do'a Cinta =====

Gapura cinta nu ajeg panceg dina hatè
Nanjeur pulas kayas
Dipapaès danding katresna
Di wiruan ku pucuk - pucuk kahèman
Nu teu welèh ligar karembangan
Di siraman ibun kadeudeuh urang
Nu salawasna ngenyas dina landeuh kacinta...
Cinta urang hamo luntur
Sanajan dodoja ngahèroan
Asih urang salawasna natrat
Sanajan godaan ngalangkangan

Label Nu_Aing

===== Dua saati =====

Taya kahariwang
Dina sorot paneuteupna
Dina gelenyu imutna
Estu tengtrem nyaeuran bilik kasono...
Nya salira matapoè kuring
Nu ngahaneutan beurang kuring
Nya salira bulan kuring
Nu nyaangan peuting kuring
Pikeun pangaping simpèna hatè  kuring ....

#label Nu_Aing

=== Ngarakacak ===

Peuting tadi...
Ngotrèt sajak tawis rasa
Pikeun wanci urang biasa patepang
Tengger nu mapaès blog kuring
Mangsa urang ngaranggeuy carita
Nu cek urangmah "èndah taya papadana"
Ngarah jadi tutungkusan mangsa
Pikeun sampeureun mangsa tibelat
Wanci jaga urang mukaan album cinta urang...
Hanjakal...harepan ngan saukur kalangkang
Nu paburantak dina lolongkrang cimata...

===== Bungah =====

Bungangang...
Mangsa janari miang kaganti beurang
Palebah srangèngè
Aya ketip - ketip kasono nu teu bisa di bèbènjo
Aya pucuk - pucuk katresna nu nganti di siraman
Nunggu pinuh ku surti
Teuteupna awor gumati
Poè ieu...
Urang baris tepung nyacapkeun sagala rasa cinta
Yap kadieu panutan...
Rangkul pageuh jirim kuring
Talikung ku areuy katresna salira....

===== argapuri =====

Nyangsaya dina tepas hatè
Ngareungeukeun gerentesna rasa
Nyawang carita wanci pasosorè
Malipir muru tutungkusan cinta
Nu di piguraan dina album katresna...
Antarè
Ngajèngjèhè
Ngararasakeun èndahna cinta
Lir dipèpèndè
Diri nyarandè dian rèma - rèma kahèman salira
Mungguh bagja...
Cinta nu ngagalura salawasna baris di mumulè
Kanggo salira nu jadi bèbèndè....

@Argapuri_dua saati