Rabu, 07 Februari 2018

NAHA

Lir angin handaruan niup sakabéh kahirupan
Ibarat ombak gumulung tingjelegur motahkeun Sagara
Kitu deui rasa nukarandapan
Mudalkeun angkara tur cimata
Ca'ah, malidkeun sagalana

Peettt simpé
Satutasna kajadian
Réhé
Ningalkeun  katideresa
Ukur keclak - keclak cisoca
Nu halon maseuhan damis
Nyésakeun tanda tanya
" Naha dimana ayana kuring dina hirup salira? "
Padahal anjeun sagalana pikeun ieu waruga

Selasa, 06 Februari 2018

SWEET SEPTEMBER

Bulan ngempray nyaangan
Dipasieup kiceup béntang nu baranang
Langit lénglang narawangan
Palebah dinya urang jangji babarengan
Saprak harita urang tigin nyipta kahayang
Duaan ngambah sagara kahirupan

Tuh saksina peuting
Tah buktosna haréwos gending
Mirig kecap jatukrami 
Nu jéntré nyangreud pasini
Dua haté hamo jalir
Ngahiji nepika pati ngangkir

Bagéa panutan
Bagja urang ciptakeun
Kasatiaan urang paheutkeun
Dina ucap walimah
Duuh, éndah !

Jatukrami 080917