Rabu, 24 Mei 2017

BALÈBAT KURING

Mapag balèbat ngahibaran
Janari nu mèh wekasan
Ciibun tu'us dina genclangna dangdaunan
Tinggarenyas kasorot giwangkara
Nu tèmbong lalaunan
Nya'angan,
Ngahaneutan,
Mèrè harepan nu remen ligar kembangan
Keun baè
Satiap ingetan nu minuhan dada
Masih satuhu nyambat ngaran salira
Bageurna jeung gorèng adatna
Mapaèsan weningna rasa
Moal rèk tatanya
Kamana rasa cinta ngamuara
Sabab salilana maturan
Ngoconan saban rènghapan
Palebah jirim nu satia ngalangkangan
Sanajan anjeun halon ngajauhan
Keun baè !!!

# Nu_Aing™24/05/2017
keuranjeunnudipideudeuhsalamina

Selasa, 23 Mei 2017

SAGARA HAREPAN

Galura séah neumbragan dada
Mancawura tina lulurung sukma
Tingsiriwik meulah sagara wiwaha
Kairid ombak asmarandhana
Jaladri panganteur asih
Jajap balayar tresna rumangsang
Kamana jugjugan?
Ka anjeun?
Basisir asih kuring
Panyarandéan simpéna haté
Hayu urang ojayan
Ngaplak sagara harepan
Nyungsi wates cakrawala
Mapag balébat éndah ngaléléwaan
Jaladri asih urang
Nepungkeun sulintang jeung laut mangsa pasang
Aarrrggh
Bagja kalih salira

23/05/2017