Mubyar ruhay layung sinanglingan
Nepungan
Kuring nu nganti di tungtung sareupna
Nganti angin pasosoré
Nyaritakeun gunung
Nyaritakeun léngkob
Nyaritakeun tegalan harepan
Nyaritakeun anjeun nu kapiati
Hiji ngaran panghias impian
Dikeliran sono dibungkus tatu
Nalika sareupna amitan, nalika peuting nutup carita
Anjeun dimana?
Kuring nu nganti
Nyésakeun purnama nu kamari
Najan balebat hamo kasungsi
RsH12/03/17