Selasa, 10 Januari 2017

LANGIT BEKASI

Bulan sapasi
Mapaès  lalangit ati
Nyongkèlan wiru na pasini
Nu nyampak na  galindeng diri

Bulan sapasi
Payus  maturan kiceupna bèntang
Ngotèktak sabeungkeut jangji
Paheut  nyaangan  lambaran kahayang

Bulan sapasi
Di titènan dipangkèng nu paranti
Masih aya keneh sèsa seungit nu kamari
Mangsa rangkulan anjeun  ngaharèwoskeun pasini

Bulan sapasi dilangit bekasi
Ehm, didieu kuring salawasna nganti

06/01/17