Jumat, 23 Desember 2016

UKUR ANJEUN, ANJEUN DEUI,SALAMINA

UKUR ANJEUN, ANJEUN DEUI, SALAMINA

Cinta anjeun tutungkusan hatè kuring
Lir sagara èndah mapaèsan alam dunya

Cinta kuring ka anjeun hamo la'as
Bakal tetep mulas ngayas

Cinta kuring sapaparat nyawa
Marengan tiap rènghapan nepika palastra

Deukeut anjeun salilana sugema
Sagigireun anjeun aya impian
Nu kudu ngajadi nyata

Anjeun ukur anjeun
Bisa jadi cimatana haté kuring
Anjeun  oge ngawujud bungahna  hirup kuring
Nu salawasna nyanding
Ah anjeun teh sagalana  ning!

22/12/16
Santi S.Jatnika

Minggu, 18 Desember 2016

MACANGKRAMA CINTA

MACANGKRAMA CINTA

Beungeut peuting
Diharuduman langit lènglang
Dioconan  bulan jenug bèntang
Tingkariceup mapaèsan
Ibarat urang
Macangkrama dina simut basa
Silih rangkul sosonoan
Anteng namplokeun galindeng  cinta
Nunyaeuran pangkèng  kahèman

Angin peuting ngadalingding
Dangdaunan pating arulang
Lebah girimis nungeclakeun ciibun
Lir urang
Anteng namplokeun galindeng
Harepan  pinuh kahayang
Macangkrama dina tungtung impènan
Paheut palebah rangkulan

Ah bagja, Mugia sapaneja
Kalih salira nu jadi tamperan rasa

Santi S.Jatnika
18/12/16