Kamis, 23 April 2015

=== ukur Anjeun ===

Bagèa cinta...
Anjeun datang mawa kaéndahan
Ngotrètkeun pasini geusan mapag kabagjaan
Nu jadi tamperan harepan

Bagèa panutan...
Cinta anjeun mungguh motahkeun ketug jajantung
Gumuruh dina rasa kuring nu ngagalura
Mapaèsan sagara hatè
Nu atra ngagulidagkeun tresna

Bagèa beulahan jiwa...
Anjeun ngan hiji jirim nu ku kuring di picinta
Nu dianti geusan ngangkir ieu rasa
Anjeun srangenge nu nyaangan ieu raga
Anjeun purnama nu salawasna di puja
Pikeun mapaèsan lèngkah kuring
Kiwari tug dugika bihari

Ukur anjeun....iwal anjeun
Nu ngagaduhan ieu tresna....

@ Label_Nu Aing
     Deudeuh salamina

Senin, 06 April 2015

~~~> cimata peuting tadi <~~~

Sapanjang jalan nu biasa di liwatan
Kereteg sagala rasa marengan
Kalan sugema boh rasa nu ngarangrangan
Mancawura dina èmutan
Nyaba peuting nu kaunggahan
Mapag simpè nu mapaèsan
Satia marengan lèngkah geusan mulang ka sarakan
Langit...
Bulan nu nyumput satukangeun mega hideung...
Angin nu ngahiliwirkeun kaketir...
Tigin nyimutan katideresa
Mungguh diri teu aya daya
Malidkeun rasa kuciwa
Ngananaha diri
Nyata satia taya hargana
Katandasa rasa cangcaya
Cag cimata...
Urang tilemkeun dina kasadrahan

@ Label_Nu Aing