Rabu, 24 Desember 2014

~~~> sujudku <~~~

Dina lambaran - lambaran du'a
nganteng kahayang nu rohaka
ngitung wilangan Asma _Na
sumujud miharep laksana
sagala cita - cita
Duh...Pangeran Nu Maha Asih
kuring keyeng....
ku kuring Θï akalan, Θï ikhtiaran
miharep tinekanan
kuring ngarumpuyuk....meredih
kuring pamrih
hirup geusan jadi pinilih
ngahontal sagala impian
Anjeun Dzat nu Maha Sagalana
Anjeun Dzat nu Maha ngabulak - balikeun nasib Umat_Na
kuring sumujud...
manteng...panteng ngan ukur ka Anjeun
nu ngagaduhan sagala kahirupan
Mugia...
Rahayu, waluya kaalaman

Amin Yra
@ just waiting a Miracle
     Santi S. Natawiriya

Kamis, 18 Desember 2014

~~~ lilir dina rangkulan ~~~

Mangsa nyangsaya dina dadana
ketug jajantungna atra ngawirahma
geter - geter cinta nu ngagalura
mungguh nyata ngagentra
ray tanggah....
nitenan pameunteu na
mapay keureutan ta'arna, pangambungna,
halis katut socana,
lambey sareng angkeutna,
rangkulannana,
estu teugeup geusan nyarande
ngaitkeun ketip - ketip harepan
nitipkeun wilangan kaheman
kuring, anjeun satujuan
ngambah sagara kabagjaan....

@ janari 18'12'14
Santi S. Natawiriya

Selasa, 09 Desember 2014

~~> haréwos <~~

Harita...
Gentrana halon ngaharèwos
teuteupna linduh geusan nyalu'uh
pameunteu pinuh ku kahèman
mangsa urang ngumbar rasa
ngabudalkeun sakecap basa
geter cinta nu ngagalura
ngipuk ligar nyaliara
mapaesan hate dugika kiwari
salira.....nu ngagaduhan ieu diri
kuring salawasna nganti
pasini ngajadi bukti.....

290714
Santi S. Natawiriya

Jumat, 05 Desember 2014

~~> satia salamina <~~

Mereketkeun patékadan
Seja satia ka panutan
Badè tigin kana pasini duaan
Moal ingkah balilahan
Sanajan pait peuheur kaalaman
Aya sumanget nu ngabebela
Nyampak harepan nu hamo sirna
Taya niat ngarasula
Rumasa cinta geus ngagalura
Nyaliara minuhan raga sukma
Kuring nganti...
Pasini geusan ngajadi
Ti kiwari dugika titimangsa nu mustari......

@ Santi S. Natawiriya